Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

aya nu bebeja, lain matak leuwih teu ngeunah."


67. NYA PICUNG, NYA HULU MAUNG


 Hartina, ongkoh-ongkoh (ana ngomong ngaler ngidul).

 Ki Arbi rada torek, ditanya ku Muhin pokna, "Arbi ari kuda bapa silaing nu hideung, geus diajar torolong?"

 Wangsulna, "Bapa dewek kamari ka Cianjur rek ka nu kariaan."

 Muhin ngomongna bedas pokna, "Kuda bapa silaing nu hideung enggeus diajar torolong?"

 Arbi, "Isukan oge dewek jeung ema rek nuturkeun bapa ka Cianjur."

 Muhin, "Hih abong-abong ngomong jeung nu torek, nya picung nya hulu maung bae."


68. NYIEUN PUCUK TI GIRANG


 Hartina: nu sieun diambek, geuwat miheulaan ngambek (nu sieun dituding, geuwat nuding).

 Hiji peuting Ki Tadir api-api susah, humandeuar bae pokna, "Lah, naha gawe teh mana ripuh-ripuh teuing, coba meh unggal peuting bae disaur ku juragan Wadana, dipiwarang digawe nganggeuskeun meja tulis.

 Ceuk pamajikanana, "Naha aya nganggeuskeun meja ti peuting?"

 Wangsulna, "Heueuh benerna mah isuk bae ti beurang, tapi da dipiwarang ku menak, rek diturut bae.

 Harita dangdan, sanggeusna tuluy indit, kira-kira satengah jam ti saentas indit, jol upas nyaur Ki Tadir.

47