Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Damid, "Tuh geuning geus pada mawa ari kuring mah ngegel curuk".

65. NGUKUR KAKUJUR, NIMBANG KA AWAK =
NGIRA-NGIRA KA DIRI SORANGAN

 Upamana baca dina buku pieunteungeun No. 1 Garuda jeung gagak.

66. NGEUNDEUK-NGEUNDEUK GEUSAN EUNTEUP

geusan = enggon, tempat.

 Hartina : jelema nu sok ngomongkeun dunungan; diomongkeun teu burung dicicingan teu burung.

 Si Samid cicing di Haji Uce, lamun Haji Uce keur nyaba, manehna sok indit ngadon ngawangkong di imah batur, deui nu diomongkeun ngan dununganana.

 Hiji mangsa manehna nganjang ka Bapa Saud, barang datang tuluy ngomong, "Bapa, cing sugan aya bako sarokoeun mah bet ti kamari kuring hayang udud".

 Bapa Saud, "Top tah ngalaan dina dompet, na ka mana dunungan silaing?"

 Samid, "Teu aya keur nyaba, lah keun bae sina nyaba, kuring mah teu resep ari aya teh, eta sok tara bisa ngareureuhkeun awak, jeung mending lamun sok geten, ari benerna mah jelema digawekeun teh kudu disuwuk barang hakanna, ieu mah teu udud-udud acan, sumawonna eta mah dunungan awewe, aya cerewed jeung tungi.

 Bapa Saud, "Hih euy peupeujeuh ulah sok ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup teu hade, dicicingan teu burung, diomongkeun teu burung, kumaha mangke lamun

46