Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 He Hani coba sing awas, sisi alus poleng manis, naha pagawean saha, mana kieu-kieu teuing, migawe henteu apik, jeung ditengah rea tumbu, estu ngarangkay koja, geuwat ngawalon Nyi Hani, "Nini-nini nun nona anu ninunna."

63. NGEOK MEMEH DIPACOK

 Hartina: sarua bae jeung mopo memeh nanggung dina jilid ka II.

64. NGEGEL CURUK

 Hartina: teu boga naon-naon (teu kabagean naon-naon).

 Ki Damid jelema sapeh, kajadianana teu bogaeun naon-naon.

 Hiji poe Ki Damid meunang kiriman ti lanceukna hiji samping, hiji totopong, hiji calana; kakara jol eta kiriman datang (baraya-barayana jeung sobatna, ceuk sobat, "Kang ieu mah totopong pasihkeun bae ka kuring, da akang mah kagungan keneh".

 Damid, "Top ari silaing hayang mah."

 Carek pamanna, "Tah ieu calana keur emang teu boga paranti nyaba."

 Ceuk adina, "Akang kuring mah teu ngeunah, ari batur dipaparin kuring henteu, ayeuna mah eta sampingna keur kuring, da akang mah gampang nyiar rejeki""

 Damid, "Nya ari sisirikan mah top bae".

 Ari enggeus ngabagikeun kikiriman tea jol Pa Asmi omongna, "Bejana Ki Damid meunang kiriman ti dulur, enya? mana ayeuna nenjoan".

45