Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

satalen, pokna, "Ieu kuring dijurung ku pun biang, ngahaturkeun duit satalen, ngiring hajat lumayan bae ng a deudeul ku congo rambut".

 Patinggi, "Bejakeun ka ema sia, nuhun kitu".

62. NGARANGKAY KOJA

koja, paranti wadah lauk.

 Hartina : adat jelema nu mimitina hade, beuki lila beuki goreng, atawa mimitina balabah, beuki lila beuki koret, meh sarua bae jeung ngabeungeutan, ngan ari ngabeungeutan mah jadina tereh, ngarangkay koja jadina rada lila.

 Bapa Saun diperdih nyieun imah ku alona, ceuk alona, "Bapa kuring pangnyieunkeun imah nu weweg, nu hade, ari ongkosna mah ulah salempang".

 Wangsul Bapa Saun, "Hade geura sadia bae pibahaneunana."

 Dina hiji poe tuluy bapa Saun ngamimitian; wates 3 - 4 nepi ka 5 poe mah alus pisan pagaweanana jeung apikna sarta getol, beuki lila beuki ngedul sarta beuki goreng pagaweanana.

 Carek alona, "Bapa kumaha digawe teh beuki lila beuki goreng jeung beuki talangke bae kana pagawean teh, dideuleu-deuleuna bapa mah digawe teh ngarangkay koja".

 Atawa: SINOM.

 Caturkeun sahiji nona, ngepak sarung ti Nyi Hani, da alus jieunanana, nona ngomong ka Nyi Hani, cing kami kirim deui, wungkul hayang nu aralus, Nyi Hani ngawalonan, mangga nona isuk deui, barang nepi ka poe isukan tea.

 Hani mawa pirang-pirang, kasampak nona geus nyaring, nona geuwat bae nyambat, pokna geuwat hiap Hani, pek nona nyidik-nyidik, sarung teh bet kurang alus, kandel ti mimitina, beuki tengah beuki ipis, nona mesem bari tuluy sasauran.

44