Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hartina: ngalaksanakeun kahayang, (maksud, niat) ieu urusan babakuna pisan, ka nu laki-rabi, nu tadina lalaki hayang (bogoh) ka hiji awewe, karepna rek dikawin, tapi harita teu jadi; awewe ka nu sejen, lalaki nya kitu; lila-lila eta dua jelema bisa kawin.

 Lian ti dinya beunang deui dimisilkeun ka nu sejen.

 Lembur jeung imahna aki Sastra, ayana di sisi jalan gede, lega, lempar sarta bareresih, susukan gede, sumurna herang, taneuhna riduh alus baris pepelakan.

 Ki Taming kabitaeun pisan ku eta lahan katut imahna, tuluy ditanyakeun, sugan rek dijual, ari carek aki Sastra; arek pisan dijual teh, ngan hayang payu 800 rupia.

 Ceuk Ki Taming, "Cing, aki, sugan dipasihkeun 700 rupia, da teu gaduh deui duitna".

 Wangsul aki, "Moal ari teu jejeg mah".

 Ti harita bedo bae rek meulina lembur, sabab teu cukup duitna.

 Barang geus meunang sataun, duit Ki Taming jejeg 800 rupia, geuwat datang ka aki, pokna, "Aki, kuring rek ngarangkaske un dungus, tah duit teh jejeg 800 rupia."

61. NGADEUDEUL KU CONGO RAMBUT

Deudeul = panahan

 Hartina: ngabanjel-banjel.

 Aki Patinggi, geus heubeul boga niat hayang nyunatan incuna, ngan tacan laksana keneh bae, tina tacan aya saratna.

 Barang dina bulan Rayagung taun Alip, aya persaratanana, tuluy nyieun balandongan, sakumaha adat biasa nu rek kariaan kira dua poe deui ka der, jol Nyi Narem nyambungan ku duit

43