Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

58. NGABUDI UCING

 Hartina: adat jelema nu cicing, jiga lungguh jiga bageur tapi jahat.

 Si Sandir anak tukang emas, rupana hade (tegep) pasemon lungguh, ti umur 7 taun sok daek cukat-cokot, kana duit indungnal atawa uana, lamun teu kana duit, sok kana barang naon bae anu kapanggih tuluy dijual, lila-lila daek nyokot banda batur.

 Ceuk indungna Sandir, "Maneh teh euweuh turunan, kana daek cukat-cokot, (maling), cing ayeuna geura piceun lampah kitu teh".

 Si Sandir tungkul, semu nu ngaregepkeun kana papatah, sarta semu nu rek nurut pisan, tapi lamun indungna bongoh, deui bae nyokot barang.

 Nini Suad ngomong ka Nyi Pika, pokna, "Pika, naha ari Pa Sandir tukang emas, aya kabeneran boga anak teh, heug lalaki, geura dedeg pangadegna hade, rupana tegep, jeung pasemon lungguh."

 Pika, "Hih nini, lain kabeneran eta mah, boga anak teh cilaka".

 Nini, "Naha cilaka?"

 Pika, "Budak ngabudi ucing, jigana bae lungguh percayaeun, tapi jahatna nataku".

59. NGAREP-NGAREP BENTANG RAGRAG

 Hartina : nu moal kajadian, sarua bae jeung Buluan belut, jangjangan oray, dina jilid ka III no. 11.

60. NGARANGKASKEUN DUNGUS

Dungus = gurumpul tangkal kai di leuweung.

42