Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rea nu barang beuli, sabab saperkara eta warung anyar, kadua Nyi Sapti ana ngaladangan, sok rea atawa gede, jadi nu meuli teh rabul ka dinya bae.

 Barang geus dua tilu poe, nu meuli teh carang, ngan ukur bae.

 Carek Nyi Unah, "Sari, naha nu barangbeuli teh, ngabrul ka batur bae, henteu ka Nyi Sapti."

 Wangsulna, "Meureun bae atuh salah manehna, ari barang mimiti mah, meuli uyah sapeser oge wani sarawu, kumaha ari ayeuna mah, sapeser teh ngan opat huntu."

 Unah, "Oh! kitu sababna, paingan ari sok ngabeungeutan mah."

 Atawa :

 Si Sarsih bubujang di Nyi Eres, barang datang mah, gawena hade pisan, lamun ngumbah wadah apik, bersih, sanggeusna tuluy diseka; di imah di tepas bararesih; naon barang nu sakira kurang pantes cicingna, geuwat dibersihan diteundeun di mana pantesna, tapi eta hade gawena teh, ngan ukur 2- 3 poe bae, ari kaopat kalina mah lapur, kukumbahna tara beresih, nya kitu deui di imah barala, jeung sok resep ngadaweung.

 Ku sabab kitu, cicingna di Nyi Eres henteu lila, tuluy bubujang di Nyi Sarem, ti dinya pek deui di Ambu Damen, nya kitu bae henteu lila.

 Hiji poe bibi Minas, ngomong ka Nyi Sarem pokna, "Sarem! kamari ieu ilaing boga lanjang, ngaranna Si Sarsih, cing ayeuna keur kami bae, sabab teu boga lanjang."

 Wangsulna, "Hih, bibi, cumah si eta mah jelema sok ngabeungeutan, mimitina bae hade gawe teh, ari geus lila mah goreng, geura tanyakeun ka Nyi Eres jeung ka Ambu Damen."

41