Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Sarmi tuluy ka warung, ari balik, karembongna disimpangkeun, demi diilikan ku nu boga, tungtungna soek saeutik.

 Nyi Narwi ambek kacida, tuluy Nyi Sarmi disampeurkeun ka imahna, barang datang omongna, ”Sarmi! naha ari maneh teu sakanyaah jeung kami?”

 Wangsulna, “Naha?”

 Narwi, "Eta karembong kami modangna diminyakan, tung-tungna disoehkeun.” Sarmi, "Wah, sugan ti tadina bae eta mah, bet matak tugenah ari nu teu boga, geus ayeuna mah Narwi serek ayeuna bae hade jeung kami teh.”

 Narwi, ”Aeh! aeh! naha kitu, dideuleu-deuleuna maneh mah, neundeun piheuleut nunda picela, kitu nya kitu, balikanan hade matak ngaruksak bae, tuluy Nyi Narwi balik bari gegelendeng.

 Atawa :

 Sanggeus Nyi Sarmi nginjeum karembong, lep bae opat lima poe teu tembong-tembong, tidinya diteang ka imahna, barang datang ceuk Nyi Narwi, ”Sarmi,naha ilaing teu tembong-tembong, bari mana karembong teh?”

 Wangsulna, ”Bo! euy; poma ilaing ulah pundung, karembong teh soek tikait, nu matak kami teu tembong-tembong, pikiran kami, di mana geus boga duit, rek geuwat meuli keur ngagantian.”

 Narwi, ”Keun bae soek mah, dikumahakeun, ngan ilaing ulah neundeun piheuleut nunda picela bae, da urang teh geus jadi hiji.”

57. NGABEUNGEUTAN

 Hartina : hade mimitina ari geus lila goreng (getol mimitina ari geus lila ngedul).

 Dina poe Senen, Nyi Sapti muka warung anyar, teu wudu

40