Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

55. NINCAK PARAHU DUA

 Hartina: boga dunungan dua.

 Mukisan ngawula ka tuan komis, jadi tukang sapi, jeung di sakola.

 Subuh-subuh manehna geus meres susu sapi, pukul 6 gagancangan ka sakola muru sasapu, sanggeus beresih sarta sakola geus dibuka, geuwat deui muru ngencarkeun sapi ka tegal; di tegal sok ditulung ku bojona nungguan sapi, lamun sapina geus aya di tegal, geuwat muru deui ka sakola bisi aya gawe, nepi ka pukul satu.

 Sanggeus tutup sakola, geuwat ka tegal muru angonanana, pasosore ngalungkeun sapi, kitu bae unggal-unggal poe.

 Carek pamajikanana, "Akang, katenjona ku kuring akang teh sakitu ripuhna, cing atuh ayeuna mah pagawean teh lepotkeun bae hiji, montong nincak parahu dua."

56. NEUNDEUN PIHEULEUT, NUNDA PICELA

piheuleut, asal tina heuleut = wates.

 Hartina: ngajak goreng.

 Nyi Narwi, geus heubeul sosobatanana jeung Nyi Sarmi, dina hiji mangsa, Nyi Sarmi nginjeum karembong ka Nyi Narwi, pokna, "Narwi cing kami nginjeum karembong, rek ka warung.

 Narwi, "Hade, tah nu buruk."

 Sami, "Abong, euy, nu buruk mah, itu bae nu Yogya."

 Narwi, "Hih, ulah teuing bisi kakotoran; ku kami oge kakara dipake sakali."

 Sarmi keukeuh nginjeumna nu Yogya, tina di dihantem ku sobat, tungtungna dibikeun, carek Nyi Narwi, "Top, atuh, kade kotor."

39