Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hartina: balik deui ka asalna.

 Aki Raksajaya, gering panas payah kacida, wani geus teu bisa leumpang-leumpang acan.

 Dina hiji poe, jol Nyi Sayem ngalayad, bari kikiriman, carek Nyi Sayem: "Aki, kumaha kasawat teh, aya senangna?"

 Aki ceurik, bari tuluy ngomong, pokna, "Eh! Nyai, kumaha petana, da aki teh kieu bae geuning, kasakit anggur beuki maju, ari kahayang aki, mati-mati mulih ka jati, pulang ka asal oge, atuh hayang papanggih heula jeung barudak nu jarauh."

 Atawa :

 Nyi Djami ngumbara ka Serang, meunang 5 usum, geus kitu balik ka nagarana ka Kuningan, geus mawa salaki.

 Barang datang, ditanya ku sobatna baheula pokna, "Euleuh! euleuh! nyai, geus lila pisan teu tepang, ti mana?"

 Wangsulna, "Kapan kuring ngumbara ka Serang, kenging 5 usum, ari ayeuna mah ngahaja balik ka dieu jeung salaki.

 Sobat, "Weu, atuh mulih ka jati pulang ka asal nya?"

 Atawa :

 Ki Jangga jelema malarat pisan, tina banget aralna, manehna jebrod bae maling duit sarewu.

 Ayeuna Ki Jangga jadi ginding, tapi teu sabaraha lilana ginding teh, sabab duitna nu beunang maling, jeung barang-barangna aya nu maling deui, ayeuna Ki Jangga jadi malarat deui, saperti asal.

 Nu sarupa kitu oge mulih ka jati pulang ka asal.

38