Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na gede-gede teuing?" bari seuri.

 Wangsulna: "Hih, Eteh, gede soteh m o al ceurik menta eusi ngan teu aya deui wadah."

53. MUNCANG LABUH KA PUHU, KEBO
MULIH PAKANDANGAN

kebo, = munding, pakandangan = kandang.

 Hartina: awewe diserahkeun, balik ka indung bapana (nu ngumbara ka nagara sejen, lila-lila balik deui ka nagarana).

 Nyimas Malati, urang lembur Awi, ditikah ku menak, tuluy dibawa ka dayeuh; barang geus meunang dua usum, Nyimas dikeser ku carogena, tuluy balik ka kolotna, nya eta ka lembur Awi.

 Nyi Lurah nanya ka Nyimas, pokna: "Nyai keur naon di dieu!"

 Wangsulna, "Da kuring mah parantos pirak, malah parantos lami."

 Nyi Lurah, "A t uh muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan, nya?"

 Nyimas, "Sumuhun."

 Atawa :

 Asna urang Cianjur, jadi jurutulis ka Garut, ari ti Garut dijadikeun deui Mantri ulu-ulu ka Cianjur, nu kitu oge muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan.

54. MULIH KA JATI PULANG KA ASAL

jati di dieu = asal.

37