Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hartina: memeh mere naon-naon, (memeh barang bere) kudu neundeun omong heula.

 Ieu paribasa remenna dipake di nu rek lakirabi.

 Nyi Uker anak Bapa Sayin, manehna geus hahadean jeung Ki Amat, ngan acan nangtukeun kawin bae, ari barangberena mah geus rea, aya mere duit, aya samping, karembong atawa baju.

 Ti dinya jol Ki Muhin, nanyaan ka bapana Nyi Uker, pokna: "Bapa, eta tuang putra Nyi Uker, ayeuna bade ditikah ku kuring".

 Wangsul bapana: "Sukur ujang, da budakna geus sedeng boga salaki."

 Tuluy Nyi Uker dicalukan ku bapana, pokna: "Uker, maneh rek ditikah ku Ki Muhin, kumaha daek?"

 Wangsulna: "Kumaha bapa, ari Ki Amat, kapan ka kuring geus rea pisan pamerena?"

 Bapa: "Kajeun teuing masih mere naon oge ka sia, da ka aing mah tacan neundeun omong, kapan carek paribasa oge, memeh emal, emel heula"

 Jadi nu dikukuhan ku urang kampung teh neundeun omong heula, sabab lamun neundeun omong heula masih teu barangbere oge, kolotna teu wanieun ngawinkeun.

52. MOAL CEURIK MENTA EUSI

 Hartina: mawa wadah gede lain hayang loba.

 Nyi Mori gagancangan ka warung mawa pinggan gede rek meuli empal sapeser.

 Barang datang ka warung ngomong pokna: "Eteh meuli empal sapeser."

 Tukang warung: "Naha Nyi, meuli empal sapeser, wadah-

36