Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sok diruksak ku anakna, nepi ka susah nyatu, sumawonna pake mah, anak-anak euweuh nu lutreuk, sumawonna bisa mere ka kolot, sakalieun manehna oge susah.

 Lurah pareman sasamana umur ngomong, pokna: "Usub, dewek teu nyangka saeutik-eutik acan ka silaing, bareto mah silaing euweuh pisan kakurang, malah bisa nulung-nulung ka batur, naha ari ayeuna bet maut nyere kacongokeun" (maut nyere ka congona.)

50. MALIK TALI (MALIK TAMBANG)

 Hartina : malik hukuman.

 Nasad ngadeuheus ka Hakim, ngadawakeun tatanggana ngaran Husri, yen manehna geus ngurungan hayam Nasad, di imahna.

 Ti dinya Husri disaur, tutuy dipariksa, saurna: "Husri, enya maneh ngurungan hayam Nasad? Pendekna maneh diterka maling ku Nasad."

 Wangsul Husri: "Teu pisan-pisan, leres jisim kuring ngurungan hayam, namung hayam kuring anak bibit, balikanan kuring ayeuna no. 1 teu suka dituding maling, no 2 ngunjukkeun, dina poe Salasa pun Nasad parantos nuaran cau, ti kebon kuring tilu tangkal, malah rea saksina."

 Barang disidikkeun ku Hakim tetela, aya saksi-saksina Nasad anu salah.

 Saur Hakim: "Nasad ayeuna malik tambang, tadina maneh nu hayang ngahukum Husri, tapi ayeuna maneh ku aing dihukum."

51. MEMEH EMAL, EMEL HEULA

Emal, citakan nyieun papaken; emel = ngomong.
35