Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ari menca teh meunang-meunang bae, geura saha nu ngelehkeun di dieu mah?"

 Oyo: "Wah, aduan dewek, eta mah leutik-leutik soteh nga galatik, ongkoh jelemana bisa mempo."

48. LEUNGGEUH CAU BEULEUM

leunggeuh = lila

 Hartina : nu ngalampahkeun hiji pagawean, tacan anggeus sok migawe deui pagawean nu sejen (teu lutreuk).

 Arsani tukang nembok, teu wudu pagaweanana apik, lantaran apik tea, nya jadi hade, ngan hanjakal ana keur migawe hiji pagawean teh, lamun aya deui nu nitah di gawe, sok tuluy bae migawe deui nu sejen, ari kana pagawean nu keur dipaju mah, api-api gering bae.

 Ki Kusen, anu rek ngawuwung imahna, nanyakeun ka Suta, imahna Arsani, nya eta rek sina digawe.

 Ari walon Suta: "Kusen! montong nitah Arsani, neangan deui bae nu sejen, kitu oge lamun hayang tereh anggeus, cumah Arsani mah jelemana le unggeuh cau beuleum"

49. MAUT NYERE KA CONGONA (MAUT
NYERE KACONGOKEUN)

 Hartina : asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro. Usub jelema kaya, sawah kebonna lega, imahna alus.

 Barang manehna geus kolot, sarta anakna geus gelede, bandana beuki kurang, lantaran: saperkara, manehna geus kolot, henteu pati getol digawe, kadua ngawin-ngawinkeun anakna jeung nyunatan; demi nu dipake ongkosna, ngajualan sawahna, lila-lila beuki kolot, beuki beak bae bandana, katambah-tambah

34