Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Hiji poe, datang ka Ambu Arwi, pokna: "Eteh, kuma petana. kuring teh, geus lima bulan ditinggalkeun ku bapa Si nyai, teu aya pisan kikirimanana."

 Jawab indungna: "Heueuh, ari salaki sia, nyaba teh sok kamalinaan, mending lamun ngirim ka anak, ari lalahan budak keur meujeuhna bilatung dulang."

46. LIEUK EUWEUH RAGAP TAYA

 Hartina: sing sarwa euweuh (teu boga naon-naon) (euweuh ka boga).

 Paman Adil jelema walurat, boga anak dua awewe hiji, lalaki hiji.

 Hiji waktu, datang barayana ngaranna Asri pokna: "Paman, lamun eta budak dibikeun, ku kuring rek disalametkeun, nu awewe urang gusaran, nu lalaki urang sunatan, sakalian bae jeung anak kuring."

 Wangsul Paman Adil: "Kumaha ujang, Paman mah taya kaboga, ari ujang daek rugi mah taya sawios, mangga teh teuing, ari paman geus teu aya petana, bisa nyalametkeun barudak, da puguh sakieu buktina, lieuk euweuh ragap taya."

47. LEUTIK-LEUTIK NGAGALATIK

 Nuduhkeun leutik-leutik oge pinter leuwih ti nu gede, galatik mah ngegelna (macokna) nyeri, akalna leuwih ti manuk sejen, sabab adatna galatik, lamun keur panen, jaba ti nyatuan di dinya, sok mawa kana sayangna (tempatna), lamun geus paceklik, galatik senang henteu kakurangan hakan.

 Hartina: leutik-leutik oge meunangan jeung wanian (pinter).

 Ceuk Amar: "Oyo! ari kang Sanda jelema leutik, tapi naha

33