Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dapur ka indungna, pokna: "Ema, papatahan bapa, ulah sok nyoo duit tipeuting kitu, bisi aya nu maling."
 Indungna seuri mongna: "Heug, mangke ku ema dipapatahan."

44. KEUR TULANG TONGGONG

 Hartina : keur kakuatan (tanggelan dimana kapeped).
 Ki Ukar ngagepor bae, di imah aki Sanju, nya eta keur ngeukeuhan sawah aki, rek dibeuli deui 100 ringgit, pokna: "Cing atuh aki, sing karunya bae ka kuring, eta sawah teh dipunjulan bae tina sapameulina salawe, kapan ku aki dibeulina ngan Rp.225, ayeuna ku kuring dibeuli deui 100 ringgit."
 Aki: "Ari silaing bet ngeukeuhan bae sawah, keur naon hayang boga sawah dewek, kapan loba deui sawah mah."
 Ukar: "Hih, aki keur tulang tonggong ieu mah deukeut ongkoh."
 Atawa :
 Nyi Rd. Armi boga 1 suweng, harga tujuh ratus, dina hiji poe, datang nyonya Cina pokna: "Nyi Raden, eta suweng teh dibeuli bae ku kuring dalapan ratus."
 Nyi Raden: "Ah, nyonya, moal dijual kula resep keneh, jeung lamun eta dijual, kula teu boga pisan tulang tonggong".

45. KEUR MEUJEUHNA BILATUNG DULANG

 Hartina : keur meujeuhna beuki nyatu.

 Nyi Arwi urang Lembang, geus lima bulan ditinggalkeun ku salakina ka Banyuwangi, turug-turug boga anak leutik keneh, keur meujeuhna beuki barang hakan, ari ti Banyuwangi, teu pisan dikiriman baris balanja.

32