Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
kana dahar balanja sabulan Rp. 15
kana spaarbank sabulan Rp. 1
kana nyewa imah sabulan. Rp. 2.50
Jumlah Rp. 18.50

 Jadi bayaran teh dina hiji bulan, ngan nyesa Rp. 1.50."

 Ajeh: "Tah, geuning aya keneh Rp.1.50, kajeun ari rek di galeuh mah tungtut bae 1 bulan Rp.1.50."

 Wisnu: "Na mana bisi aya kaperluan nu sejen, jeung eta geura kudu tilik pipanteseunana, saperti kuring boga bayaran Rp.20, tacan meujeuhna ditotopong harga Rp.10, lamun teu ditimbang, tangtu cilaka, kapan kudu bisa ngeureut miceun."

43. KOKOLOT BEGOG.
begog = babi, bagong.

 Hartina : nyanyahoanan.

 Si Jangga nangtung bari nulak cangkeng, nenjokeun nu keur ngadegkeun; teu lila jol Nohbid, omongna: "Keur naon euy, nangtung bari nulak cangkeng?"

 Wangsulna: "Keur nenjokeun itu nu pasang suhunan, aya hararese, sakitu-kitu bae, coba lamun dewek mah, lain kitu lobaan bae jelemana, atawa pasang tali heula, pek dipageuhan naor. nu baris risi, ieu mah kawas hararese pisan."

 Ceuk Nohbid: "Wah, ngomong babari, geura ari pek mahi kaditu moal enya berek, ongkoh bae silaing mah sok kokolot begog".

 Atawa :

 Iping umur 5 taun, hiji peuting nenjo duit ngabarak tengah imah, tuluy ngomong, pokna: "Bapa, naha eta ngabarak duit tipeuting, cing geura ampihan, bari semu baeud, tuluy deui ka

31