Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mata akang."

41. KUNANG-KUNANG NERUS BUMI

kunang-kunang, bangsa cicaka; ngan leuwih gede.


 Hartina : turunan menak nu geus teu jeneng, lila-lila aya nu jeneng.
 Rd. Ungkari baheula jeneng, jadi kapala Cutak di Singaparna, barang anjeunna geus eureun, tina nyekel gawe, sanggeus lima genep taun, putrana Rd. Ungkari nu ngaran Rd. Sasmita, diangkat jadi kapala Cutak di Singaparna. Nu sarupa kitu disebut kunang-kunang nerus bumi.

42. KUDU BISA NGEUREUT MICEUN


 Hartina : kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki saeutik.
 Rd. Wisnu jadi jurutulis toko, bayaranana dina sabulan Rp.20, didahar dina sapoe 5 ketip, neundeun dina spaarbank Rp.1, nyewa imah Rp.2.50, jadi boga keneh bekel, bisi aya kaperluan sejen Rp. 1.50.
 Hiji sore Rd. Wisnu, ditawaran totopong solo harga Rp. 10 ku Ajeh, pokna: "Den, ieu aya udeng pangaos Rp.10 mangga anjuk."
 Wangsulna: "Ambu, atuh totopong harga Rp.10 mah, lain pakeeun kuring, kuring mah cukup ku harga Rp.1 atawa Rp.1.50 bae."
 Ajeh: "Wah Aden mah, kapan bayaran Aden geus Rp.20, mokaha bae nganjuk totopong pangaos Rp.10 mah."

 Wisnu: "Hih, ulah mokaha, ari jelema kitu teh, sok susah di ahirna, geura hayu urang itung beakna bayaran teh.

30