Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tuluy ku Arja diduitan, ari geus beres manehna balik, bebeja ka pamajikanana pokna, "Tah, Nyai duit Rp 30, puguh dewek teh nyusul kuda tina pusingna, kalepasan monyet jual bae ka Arja."

Atawa :

Juman butuh ku imah, tuluy neangan beulieun, pareng dina hiji lemburaya nu rek ngajual, ngaranna Asba.

Ceuk Juman, "Bapa, enya rek ngajual imah?"

Wangsulna, "Enya, tah nu wetan harga Rp. 50."

Juman, "Ari ieu nu kulon nu saha?"

Pa Asba, "Imah bapa keneh."

Juman, "Ayeuna kajeun duanana bae beuli Rp. 70."

Pa Asba, "Mangga."

Tuluy menta duit ka bojona pokna, "Nyai! menta duit Rp.70, akang meuli imah dua."

Bojo, "Naha meuli dua-dua, kapan perlu teh ngan hiji."

Juman, "Nya eta atuh, akang teh kalepasan monyet."

40. KEMBANG MATA

Hartina : kabogoh (karesep).

Subuh-subuh Ki Ece geus digedogan, ngerok kuda jeungbeberesih, tengah poe nya kitu, sore-sore geus maraban kudana.

Ku sabab sakitu getenna kana kuda, kajadianana kuda teh nya lintuh, nya alus.

Lamun pasosore, ngahaja ku maneh ngajalankeun.

Sabot manehna keur ngajalankeun, gok papanggih jeung Eler, omong Eler, "Kang, naha kuda teh mana alus-alus teuing, cing beuli bae ku kuring."

Wangsulna, "Ah, jang, moal dijual, ieu mah kembang

29