Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

eta mah geus kaceluk ka awun-awun."

38. KARAWU KAPANGKU

Hartina: kasakuta.

Ama Haji Muhyi, sawahna lega, kebonna nya kitu, imahna gede sarta leuitna, ngajajar parinuh, pakaranganana lega, ngajajar imah pamager sarina.

Unggal-unggal taun, atawa dina usum raramean di dayeuh, ama haji sok ngabagi naon-naon ka putra putuna.

Ujang Sean, nu teu pati jauh lemburna, tilembur Ama Haji, ngomong ka bapana, pokna, "Bapa, kuring karunya ku barudak, tacan boga papakean nu aralus keur lebaran, cing kuring paparin."

Bapa, "Sean, rasa aing mah, teu perlu sina mareuli papakean, dina lebaran ieu mah, da papakeanana wareuteuh keneh, jeung maneh kudu nimbang ka kolot, kapan sakieu buktina, urang teh teu cukup."

Sean, "Wah, teu umum bae teu sina meuli deui, geuning putra-putu Ama Haji mah lian ti lebaran oge mareuli."

Bapa, "Hih, atuh meureun bae, da eta mah karawu kapangku."

39. KALEPASAN MONYET

Hartina: pagawean milepas karana napsu.

Kadir leungiteun kuda, tuluy diteangan, ana kapanggih geus di lembur batur, geuwat kuda teh ditewak, barang rek dibawa balik, ceuk Arja, "Keur naon kuda teh dibawa deui, ari matak jadi gawe mah, beuli bae ku akang Rp. 30."

Ceuk pikirna, boa enya bae, ieu kuda teh matak jadi gawe, tuluy ngomong, pokna, "Mangga bae ah!"

28