Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngomong tea enya, malah ngahaja datang ka dieu, tapi eteh mah ngan heueuh-heueuh bueuk bae."

36. KASUHUN KALINGGA MURDA

lingga = liang; murda = sirah.

Hartina : katarima pisan lahir batin.

Hiji poe Judawana nikahkeun anakna, barang panganten geus datang ti masigit sarta geus sadia ondangan sobat-sobat jeung wargi-wargina, Judawana ngikralkeun ku tembang tina nembongkeun suka bungahna boga minantu, carek Judawana :

SINOM

Sinom sareng kahormatan, wireh maksad geus lastari, miwah muji ka Jang Sukma, medal tina sanubari, jeung hatur salam tadim, konjuk ka nu sami lungguh, warga para juragan, tuwin mitra jaler estri, nu geus sami kempelan di ieu tempat.

Sabadaning hatur salam, sareng muji dat sajati, sumeja hatur uninga, menggah kabingahan galih, agung tanpa wiwilis, hartosna hanteu kaitung, reh sadaya sami suka, purun dilalungsur linggih, paribasa ka s uhun kalingga murd a.

37. KACELUK KA AWUN-AWUN

awun-awun = mega.

Hartina : mashur ka mana-mana

Ceuk Si Kenong ka Si Patah, "Patah! nyaho silaing baheula aya jelema jahat, ngaranna Si Kunta, ana maling tara saeutik-saeutik jeung tara kapanggih; nya rajeun sok kaperego keurna maling, tapi tara katangkep, malah rea pulisi anu tiwas."

Patah, "Hih, naha da dewek oge nyaho, atuh puguh bae si

27