Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VII.

TJARITA LAJOENG KOEMENDOENG.




§ 1. Papatihna Lajoeng Koemendoeng kagoengan sadèrèk doewa sarta istri: hidji ngaranna Koemendoeng sari kantjana; hidji dui Nji Padma larang niroe kembang. Nagarana Koeta Kantjana, sarta gus dipiguruha koe Ratoe Ménak, oerang Padjadjaran. Iboena Nji Poerbasari, ramana Rangga Poepoek boenga pakoean: sakitoe noe kagoengan poetra. Sarta èta Ratoe gus tjalik di boemi sarta djung guruhana, di nagara Koeta Kantjana. Gus kitoe tjag toenda èta noe sakitoe: oerang pitjatoerkun èta dahoean Ratoe, noe kasep, Lajoeng Koemendoeng tėja. Kur tjaralik di pasèban, ngadjadjar djung baladna. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer ka léngsérna sarta ka baladna: Ajuna oerang kasoempingan Ratoe, sarta gus guruhaan ka sadèrèk aing, tapi ajuna oerang tatjan aja pahormatan agoengna ka Ratoe, djembar ka guruhana. Tjing, ari ajuna, lèngsèr, oerang njadijakun pahadjatan, sarta ngahajoekun tataloe, ngagitakun soekan-soekan: oerang ngormat Ratoe. Gus kitoe léngsér ngawangsoel serta bari njembah: Noen, soemoehoen dawoehan. Gantjangna kai léngsér indit, rék maréntahkun ka baladna njadijakun paha djatan. Gantjangna sadija. Gus kitoe