Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86

léngsér moeroe ka kai loerah panajagan, marèntahkun tataloe. Ai gus kitoe ngagoeroeh, saadat bijasa soekan-soekan sagala tatabuhan. Gus kitoe léngsér moelang, da gus nibankun paréntah.

§ 2. Gantjangna léngsér datang ka paseban, sila sarta bari njembah: oendjoekan ka djoeragannana jèn gus toetoep parèntah. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer: Ajuna, léngsér, soekoer, ari gus sadija mah. Ari gus kitoe èjar noe soerak. Noe hadjat, saadat bijasa noe hadjat baé, motong sapi, domba, moending, serta ngagoeroeh tataloe ti burang, ti puting. Gus kitoe iju tataloe haroes ka lemboer batoer, awas ka nagara sėdjèn, ka nagara Koeta Loemiring. Noe boga nagara didinja Ponggawana doewa; hidji Demang Rangga Pasoeng, hidji dui Gadjah Loemiring. Sadèrèkna istri doewa: hidji ngaran Nji Atji Loemiring, hidji Sekar Loemiring pakoean. Gus kitoe Demang Rangga Pasoeng njaoer èta ka istri tėh, mariksakun: Èta noe tataloe, wet awas ka nagara oerang, serta ti burang, ti puting. Tjing, njai soegan oeninga. Eta lamoen nagara, nagara naon? Saha ngaranna noe boga nagara? Bet loekak tuing gandèng baé ka tjepil kakang. Hajang njabok inja baé, hajang nampiling baé. Gus kitoe istrina ngawangsoel: Soemoehoen dipariksa kakang, aja bėdjana mah, bunang nanja koering ti Ki Kereta. Ari pokna, di nagara Koeta Kantjana; noe boga nagara didinja, noe kasép, Lajoeng Koemendoeng, serta kagoengan sadèrèk doewa istri, gus dipiguruha koe Ratoe. Sakitoe, kakang, noe matak tataloe.

§ 3. Gus kitoe Demang Rangga Pasoeng njaoer ka sadèrèk istri djung ka sadèrèkna lalaki, noe ngaran Gadjah Loemiring: Tjing, ajuna, adi, oerang tèjang. Kakang, bet, guluh tuing ka si Lajoeng Koemendoeng, bet doeloerna dibikun ka Ratoe. Kur mah diguguhankun koe kakang, dipikiran ti lulutik, ana gus gedè, bet dibikun ka batoer. Hajang njabok inja baé, si Lajoeng Koemendoeng. Tjing, ajuna, adi, oerang iwat. Gadjah Loemiring ngawangsoel: Ngiring kakang: èta istri noe doewa perang hidji sèwang. Asal ngambek si