Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87

Lakoeng Koemendoeng, oerang pada njabok baé: moal sabaraha wedoekna, moal sabaraha bedasna. Gus kitoe Demang Rangga Pasoeng njaoer dui ka sadèrèkna istri: Tjing, njai, ajuna kakang doakun, rèk maling noe gulis. Gus kitoe noe gulis ngawangsoel: Eta, kakang, poma oelah kitoe, bet rèk moesoeh ka Ratoe, bet rèk baha ka Měnak, da Ratoe mah rėja batoerna. Kakang bedas ogè, moal tahan. Demang Rangga Pasoeng njaoer dui: Moal bunang ditjarèk, njai, da wedoek moal ngandjoek, bedas moal nanja.

§ 4. Gantjangna dangdan baé, saadat bijasa noe dangdan baè: njandak dochoeng sarta njandak pedang. Gus kitoe sadija baé, sarta bari ambek sikep hajang gura dek baé njabok ka si Lajoeng Koemendoeng. Gus kitoe indit baẻ ti paseban ka aloen-aloen djung Gadjah Loemiring. Gantjangna datang baé ka sisi nagara, moeroe kana lemah-doehoer pangapoengan: gus kitoe reg urun didinja. Demang Rangga Pasoeng njaoer ka Gadjah Loemiring: Tjing, adi, ajuna oerang mending mana, djalan kahandap djung kaloehoer? Gadjah Loemiring ngawangsoel: Oerang kaloehoer baè, sarta bari ngadogèr kana lemah-doehoer. Gantjang ngapoeng baé sarta buki loehoer. Gus kitoe datang ka mėga malang, tjalik bari ngamanah pilampahun. Gus kitoe manggih pilampahun. Demang Rangga Pasoeng njaoer ka Gadjah Loemiring: Njing ajuna, adi, oerang ngadjadikun titiran bodas, pamatjok emas sarta djangdjang salaka, misiih busi malèla. Gus kitoe Gadjah Loemiring ngawangsoel: Soemangga, kakang, ngiring. Gus kitoe digėdogkun salirana doewannana, djadi baé titiran bodas sakembaran. Gantjangna toeroen baé kahandap, datang baé kaloehoerun nagara Koeta Kantjana, ningalian noe gulis.

§ 5. Toenda èta noe dilochoer: oerang tjarijoskun dihandap. Noe gulis kur di boemi, guruha Ratoe těja. Loengsoer ti boemi, rèk ninoen; moro kana balè boeboet, balè panggoeng si pangejekan. Gantjangna narinoen baè doewannana noe gulis, Nji Koemendoeng sari kantjana djung Nji Padma larang niroe kembang. Tjag toenda èta noe kur ninoen: oerang pitjatoerkun titiran teja. Gus kitoe toeroen