Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88

kahandap, rèk moro anoe gus tèmbong, noe gulis tėja. Gantjangna datang kahandap, sarta untup kapajoenun noe gulis tėja sarta bari disada, sorana aloes pisan. Gus kitoe katingali koe noe gulis, sarta bogohun kana manoek, hadè sorana, hadė roepana, manoek baris tjooun Ratoe. Gantjangna noe gulis indit bari ngalaan tinoen, njalampurkun kana manoek tėja. Gantjangna ditèwak, doewannana bunang, sarta pada ngais, hidjį sėwang, toeloej dibawa ka Ratoe. Ana gus datang ka boeroean, manahna rèk dibikun ka Ratoe, éta manoek doewannana ngagédogkun manèh, lungit manoek, timboel Demang Rangga Pasoeng djung Gadjah Loemiring. Gus kitoe indit, nèwak noe gulis, hidji séwang. Gantjangna dibawa ngapoeng kaloehoer, datang ka mèga malang, urun sakudung. Gantjangna moelang dui kahandap, moro ka nagarana. Gus kitoe datang kahandap, ka nagarana, moeroe ka paseban, pèk tjaralik doewannana. Gus kitoe Demang Rangga Pasoeng njaoer ka sadèrèkna istri, ka noe gulis, Nji Atji Loemiring: Ajuna soemangga baè pisadèrèkun kur guruha Ratoe, bunang kakang maling. Istri njaoer: Ari ajuna masing tjaringtjing, oelah tiisun; mo boeroeng njoesoel Lajoeng Koemendoeng. Demang Rangga Pasoeng njaoer: Kun baė, njai; montong ngaborongkun kakang. Njabokna mah moal koengsi doewa kali; sakali gè njebrot tjangkang korongna.

§ 6. Tjag toenda èta: oerang mitjatoerkun dui di nagara Ratoe, noe dipaling guruhana těja. Aja hidji djelema ngadengék, usi boemina noe dipaling těja, bari loempat ka paseban, rèk ngoeninga ka Lajoeng Koemendoeng: Noen, soemoehoen, sadèrèk aja noe maling doewannana. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer: Na enja? Èta hidji djelema ngawangsoel: Soemoehoen, djoeragan. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng ngambek, sarta bari njaoer ka léngsérna: Tjing, lèngsèr, bungut sija, oerang soesoel, oerang tėjangan. Gus kitoe léngsér ngawangsoel: Soemangga, djoeragan, koering ogé guluh, hajang gura njotjo kontolna baè Demang Rangga Pasoeng. Lajoeng Koemendoeng njaoer dui: Huub, aing gè nja kitoe. Gantjangna dangdan saadat bijaşana noe