Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89

dangdan baẻ: njandak pedang, sorěnkunna ka tjangkèng. Bareng gus sadija, njaoer ka léngsérna: Tjing, léngsér, hajoe. Gus kitoe ngawangsoel: Soemangga. Gantjangna indit baé, moeroe kana oeroetna ngapoeng. Gus kitoe datang ka oeroetna ngapoeng, sèjot kaloehoer djung léngsérna, soemping ka mėga malang, ningali kahandap, témbong nagara Koeta Loemiring. Gantjangna loentjat kahandap ti mėga malang, doeg baé kahandap ka nagara Koeta Loemiring. Urun di sisi nagara, ngamanah pilampahun. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer ka léngsérna: Tjing, ajuna, léngsér, koemaha koe oerang, atawa tangtang atawa oerang sirep baé? Gus kitoe léngsér ngawangsoel: Koemaha djoeragan bae. Lajoeng Koemendoeng njaoer: Djadi oerang sirep baė, aja bunang bandana, aja bunang doeloerna: oerang paling dui Koe oerang. Gus kitoe lengsèr ngawangsoel: Ngiring djoeragan, Gantjangna disirep baé koe Lajoeng Koemendoeng: gempar hèès kabèh. Ai gantjangna indit Lajoeng Koemendoeng djung lengsèrna, datang baé ka pasèban, kasampak gus haréés kabèh.

§ 7. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njampurkun Demang Rangga Pasoeng, sarta ditjoekoeran koemisna sabulah; njampurkun dui ka Gadjah Loemiring, ditjoekoeran halisna sabulah. Gus kitoe njasar kahandap, ditalian siritna, ditjangtjangkun kana tihang, sarta doewannana. Gus kitoe malik ka noe garulis, sarta njaoer ka lèngsèrna: Tjing, lèngsèr, èta noe gulis tèh oerang bawa. Oerang tadi oendoer doewa, ai balik mawa opat, sarta oerang bawa bandana. Gus kitoe lèngsèr ngawangsoel: Soemoehoen, djoeragan. Gus kitoe têwak noe gulis opatannana, sarta bari dikandoeng koe Lajoeng Koemendoeng. Ari léngsér njokot bandana, sarta toeloej digandong, sarta kabawa kabèh. Gantjangna Lajoeng Koemendoeng indit djung léngsérna, datang ka sisi nagara, sarta hantu djalan ngapoeng, djalan kahandap baè: madjoena ka tebėh koelon, sarta buki djaoeh. Gantjangna datang ka nagarana, moeroe ka pasèban. Tidinja toeloej dui ka boemi, rék disanggakun ka Ratoe. Gantjangna datang, sila. Njaoer