Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
93

baé koe Lajoeng Koemendoeng, balikkun bae. Gadjah Balangbangan boes kana panto tjalongtjong tėja, djebrod baé dipantong pundutna. Ngambek léngsér, ngarontok ka Lajoeng Koemendoeng; disepak koe Lajoeng Koemendoeng, tiboentjal toedjoeh léngkah, toedjoeh toembak, datang ka potong igana toedjoeh, sarta modolan manèh, taina sagedè îndoeng tongtolang. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng loentjat ka paseban, mariksa ka balad Balangbangan sarta ka noe gulis tėja: Tjing, ajuna ngawoela, moal? Da djoeragan sija gus ditalongtjongan busi. Balad-baladna ngawangsoel: Sedja ngawoela baé ajuna mah.

§ 13. Lajoeng Koemendoeng njaoer dui: Ai ngawoela mah, oerang pindah ka nagara aing. Gura darangdan sarta njadijakun moending opat poeloeh rakit, pikun narik tjalong-tjong busi. Baladna ngawangsoel: Soemangga, djoeragan. Gantjangna sadija moending opat poeloeh rakit, sarta ditjantělkun kana tjalongtjong busi. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng mariksa ka sadèrèk Gadjah Balangbangan tėja: Hajoe, njai, oerang indit. Istri ngawangsoel: Soemangga; koering rék oeloen koemawoela baé. Lajoeng Koemendoeng njaoer dui ka si lèngsèr: Hajoe, lèngsèr, oerang indit. Ngawangsoel si lengsèr: Soemangga, djoeragan; tapi pangnjampěkun iga koering, potong toedjoeh. Gantjangna didjampè igana, tjagur baè. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng ngahajoekun indit. Gantjangna boedal kabèh, sarta narik tjalongtjong busi, moeroe ka aloen-aloen. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njampurkun ka Ponggawa opat, noe ditundunkun tadi tėja, dihiroepan dui: gantjangna hiroep baé opatannana. Ari gus kitoe dipariksa koe Lajoeng Koemendoeng: Tjing, iju, silah, ajuna koemaha pikarepun? Rèk ngawoela, atawa moal? Gus kitoe Ponggawa opat ngawangsoel: Soemoehoen, rèk ngawoela ajuna mah. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer: Ség, oerang balik ka nagara aing. Gus kitoe ponggawa opat ngawangsoel: Ngiring, djoeragan.

§ 14. Gantjangna indit baé kabèh, moro ka sisi nagara, buki djaceh-djaoeh: lumpangna njorang luwung, njorang