Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94

lebak. Gantjangna datang ka nagarana, moeroe ka aloen-aloen, serta datang ka pasèban. Lajoeng Koemendoeng njaoer ka léngsérna: Tjing, léngsér, iju koe manèh kemitan tjalong-tjong busi. Aing rék njanggakun noe gulis ka Ratoe, sarta rèk njanggakun banda, djung rèk njanggakun Ponggawa, bunang aing naloekkun, rék bakti ka Ratoe. Gus kitoe léngsér ngawangsoel: Soemangga, djoeragan; koering toenggoe tjalongtjong mah. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng indit, bari ngiringkun noe gulis sarta djung banda tèja. Gantjangna datang ka boemi Ratoe, sarta toeloej ngaduhusan ka Ratoe. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer: Noen, Ratoe, koering njanggakun guruha doewa. Malihna dui èta njanggakun istri lima; noe doewa doeloer Demang Rangga Pasoeng, noe doewa dui doeloer Arija Gadjah Balangbangan, noe hidji dui doeloer Gadjah Baroengbang.

§ 15. Gus kitoe Ratoe njaoer: Narima inja, soenan dahoean. Gura moelih baé ka pasèban: gura njadijakun kasoekaan. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng ngawangsoel: Soemangga, Ratoe. Gantjangna dahoean Ratoe indit ti boemi, moeroe ka pasèban, tjalik dina randjang katil adoe manis, sarta natakun Ponggawa, noe ngadaruhusan ka andjunna. Gek Demang Rangga Pasoeng; gèk dui Gadjah Loemiring; gèk dui Gadjah Baroengbang. Ngadjadjar léngsérna djung balad-baladna. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njaoer ka balad-baladna kabèh: Hajoe, oerang tataloe sing rosa katjida. Gus kitoe baladna ngawangsoel: Soemangga, djoeragan. Gantjangna indit bae baladna, ngagitakum tataloe, sarta muntjit moending dalapan poeloeh, kur hadjat rame-ramè. Tinja der baé tataloe; topèng, ronggèng, wajang; toekang soerak dalapan poeloeh, toekang hèot dalapan poeloeh, toekang keprok dalapan poeloeh. Tataloe ramè katjida: ti burang, ti puting taja urunna; munang toedjoeh poè, toedjoeh puting tataloena di nagara Koeta Kantjana.

Tamat.