Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VIII.

TJARITA MOENDING DJALINGAN.




§ 1. Ratoe Pakoesa, Měnak ti Padjadjaran, rèk angkat ngoembara. Enggus amit ti iboe ramana. Djenengannana ramana Ratoe Poepoek boenga mantri; djenengan iboena noe gulis, Nji Poerba Wangi. Gantjangna dangdan baė, sarta rèk ngadjajak guruha, ngaranna Nji Linggoet manik majang tändě anggara, manik goemilang, atjuk galinggeng pakoean. Sarta kagoongan sadèrèk éta noe gulis téh, ngaranna Patih Gadjah Wirija. Gus kitoe éta Ratoe njaoer èta ka dahoeanmona, ka Gadjah Wirija. Ajuna, soemangga, oerang angkat saijang ngoembara tèja. Gus kitoe Patih Gadjah Wirija ngawangsael, pokna: Soemangga, ngiring. Gantjangna darangdan hat, serta djung léngsérna, serta djung guruhana, serta djung dahoeannana. Gantjangna indit baè, da gus sadija dangdanan: inditna di poè Djoemaah. Gantjangna loengsoer baé ti boemi iboena, serta moeroe ka boeroean, toeloej ka aloen-aloen, sarta dipajoeng kabèh. Gus kitoe datang ka sisi nagara, buki djaoeh-djaoeh, moeroe ka sisi laoet.

§ 2. Gus kitoe datang ka sisi laoet, ka urun-urunan. Gus kitoe Ratoe njaoer ka dahoeannana: Tjing, ajuna, soeman dakoean, oerang ngamanah pidjalanun. Iju djalan tèh