Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
96

bet tiloe: hidji ti koelon, noe hidji ti kalèr, noe hidji ti wètan, serta galedé kabèh. Gus kitoe dahoeannana ngawangsoel: Noen, soemangga, Ratoe, oerang urun. Gantjangna tjaralik baé kabèh, Ratoe djung guruhana, dina handapun katapang. Gus kitoe tjag toenda èta: oerang njaritakun èta nagara noe dukut kadinja, djalan noe ti koelon tėja. Eta ngaranna nagara Toendjang Malaka. Noe boga nagara Ponggawana doewa, hidji ngaran Gagak Ngampar Arija kebo karaton, hidji dui ngaran Patih Hoeroeng Barang, sarta boga sadèrèk istri hidji, ngaranna Nji Soemoer Bandoeng dodot baradja moelija. Gus kitoe éta istri tèh njaoer ka lantjukna, ka Gagak Ngampar tèja: Tjing, kakang, ajuna koering bet gorèng nja itoengan; bet ngimpi aja sémah, urun di toengtoeroenan ka laoet. Tjing, ajuna tèjang: bisí aja noe děk maling parahoe. Gus kitoe Gagak Ngampar njaoer ka adina, ka Patih Hoeroeng Barang: Tjing, ajuna, adi, soeganna enja aja; bet guluh tuing. Djungna dui soegan mawa istri anoe gulis; koe adi reboet: soemawona lamoen aja doewa, oerang hidji séwang. Ngan lamoen hidji istrina, adjang kakang baè. Gus kitoe Patih Hoeroeng Barang ngawangsoel: Soemangga, kaoela rèk nějang.

§ 3. Gantjangna dangdan baé, saadat noe rèk lumpang baé. Gantjangna enggus baè dangdan. Gantjangna indit ti pasėban, moeroe ka sisi lemboer, sarta mapaj djalan ka wètan, sarta buki anggang ti nagarana. Gus kitoe témbong kur tjalik, tapi ngan hidji éta ti kadjaoehan tèmbongna, watara doewa poeloeh toedjoeh toembak djaoehna. Ngagentjlang tjahajana noe gulis, tapi ngarijoeng tjáralik lalakina tiloe. Gus kitoe iju Patih Hoeroeng Barang urun bari ngamanah pilampahun, sarta njaoer sadjeroning ati: Koemaha aing, ai direboet? Palangsijang ngamoek, dèwèk ngadon paéh baė: kalakoean itoe mah tiloean, dèwèk mah. sorangan. Gus kitoe njaoer dui sadjeroning manah: Ah, djadi rèk disirep bae. Gantjangna disirep sarta ditijoepkun; gempar karoelem kabèh noe di urun-urunan tèja. Gantjangna iju Patih Hoeroeng Barang indit, rèk moro kadinja. Gantjangna