Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
99

Palembang njaoer: Soekoer, njai, ari kitoe mah. Gus kitoe Gadjah Palembang malik ka Ratoe sarta bari njaoer: Ajuna mah, soemangga, kaoela njèrènkun sadèrèk istri doewa piguruhaun sampéan, sarta njanggakun nagara djung banda. Gus kitoe Ratoe njaoer: Narima inja, raka mas. Gus kitoe Gadjah Palembang njaoer ka sadėrėk istri: Tjing njai, ajuna gura moelih ka boemi, gura dangdan njadijakun pakoeleman. Gus kitoe malik ka Ratoe: Tjing, ajuna soemangga gura ka boemi. Gus kitoe Ratoe ngawangsoel: Soemangga. Gantjangna indit baè Ratoe djung noe gulis: gantjangna baè soemping ka boemi. Gus kitoe tjaralik baè di boemi djung guruhana.

§ 8. Tjag toenda éta: oerang pitjatoer noe di pasèban, dahoean Ratoe djung Gadjah Palembang. Gus kitoe èta dahoean Ratoe njaoer ka Gadjah Palembang: Tjing, ajuna, adi, oerang koemaha? Tatjan aja pahormatan. Oerang. ngormat Ratoe, oerang njiun kasoekaan. Gus kitoe Gadjah Palembang njaoer: Soemangga, tapi oerang ngadoe hajam baé, da soekan-soekan oerang tatjan datang ka mangsana. Gus kitoe dahoean Ratoe ngawangsoel: Soemangga, ari hajam mah. Gadjah Palembang ngawangsoel: Aja hajam mah doewa, sarta hajam adoe. Dahoean Ratoe njaoer, mariksakun ngaran hajam: Naon ngaranna? Gus kitoe Ratoe Palèmbang njaoer: Ari ngaranna hidji si Djaga-loenang, hidji si Telegoeg-djantoer. Soemangga, ajuna oerang ngadoe, tapi toempangna rék doewit baè. Hajoe, rèk banda baè, da boga; rèk nagara baè, da aja. Tapi lamoen tu ditoempangan, moal diadoekun. Gus kitoe dahoean Ratoe ngawangsoel: Koemaha, da kaoela mah, doewit tu boga,, banda tu aja; nagara kaoela mah djaoeh. Ngan rèk toempang iju baè badjoe aloes, kantjingna inten, gedèna sagedè koeroeng poejoeh, rėjana doewa-welas, haregana sa-Padjadjaran. Gus Kitoe Gadjah Palembang ngawangsoel: Soemangga badjoe ogè, tapi mengkè, lamoen élèh adoean sampéan, èta badjoe tèh koe kaoela dèk ditjokot. Lamoen élèh adoean, kaoela tarima sosok nagara djung banda ka sampéan. Gus kitoe dahoean Ratoe ngawangsoel: Soemangga.