Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100

§ 9. Gus kitoe gantjangna ngoempoelkun batoer, serta ngadatangkun hajam. Gantjangna datang ka boeroean pasèban, sarta hajam doewannana. Gus kitoe Gadjah Palembang mènta saksi ka baladna. Gus kitoe baladna ngawangsoel: Soemoehoen, djoeragan. Gadjah Palembang njaoer .ka dahoean Ratoe: Soemangga, adi, hajam gura pilihan, da kaoela mah piriboemi, sapamilihan bae. Gantjangna dahoean Ratoe indit, milihan hajam; gantjangna manggih: Iju baé kaoela mah, noe ngaran si Djaga-loenang tèja. Gus kitoe Gadjah Palembang njaoer: Soemangga èta ogè. Gus kitoe Gadjah Palembang njaoer ka léngsérna: Pék gura adoekun. Gus kitoe léngsér ngawangsoel: Soemangga, djoeragan. Gantjangna indit si lèngsér, ngadoekun hajam dahoean Ratoe. Gantjangna pèk diadoekun, tapi hentu lila éléh hajam dahoean Ratoe serta toeloej paéh. Gus kitoe indit Gadjah Palembang, ngarontok badjoe dahoean Ratoe tèja, da poegoeh gus kapibanda, gus élèh adoeannana. Gus kitoe dahoean Ratoe mènta dui badjoe. Gus kitoe Gadjah Palembang ngawangsoel: Moal, silah, da gus djangdji tadi.

§ 10. Gus kitoe iju dahoean Ratoe ngambek, kagoengan pikir nalangsa: doeloer dipaling batoer, badjoe toet koe batoer dui; ngadoe hajam, élèh, tjitjing di lemboer batoer. Gantjangna loentjat ka aloen-aloen, ngambek sarta bari nangtang ka Gadjah Palembang. Gus kitoe tjag toenda èta noe nangtang: oerang bitjarakun èta noe ditangtang, Gadjah Palembang. Gus kitoe Gadjah Palembang ka lèngsèrna njaoer: Tjing, bungut sija, masing hadè didiju nja toenggoe paseban. Gantjangna kai léngsér ngawangsoel: Soemangga, djoeragan. Gus kitoe gantjangna Gadjah Palembang dangdan, saadat noe rèk noeroenan moesoeh baé. Gus kitoe loentjat, moro ka aloen-aloen, serta bari ngambek. Gus kitoe datang ka aloen-aloen: itoe njampurkun, iju madjoe. Gantjangna pêk baè perang, silih-tjabok, silih-tampiling, silih-tunggul, silih-tewek, silih-kadèk, tapi taja noe turak. Gus kitoe Gadjah Palembang njoeroengkun ka dahoean Ratoe. Gus kitoe dahoean Ratoe mikir: Aing nanggap manèh baé mah, moal