Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101

tu paèh. Gus kitoe boga élmoe ngalungit dahoean Ratoe tèh: gantjangna ngalungit baè. Gus kitoe lumpang ka wètan, datang ka sisi sagara, sarta manggih tjai, njoektjroek baé ka girang, sarta buki djaoeh, buki djaoeh, sarta datang ka tampian nagara Tjisaroeni. Ngaran noe boga nagara didinja Moending Djalingan: boga sadèrèk hidji istri, ngaranna Nji Atji Saroeni Kembang. Gus kitoe iju dahoean Ratoe handjat ka darat, sarta moeroe ka sisi lemboer, serta bari njoempoet boeni katjida.

§ 11. Tjag toenda èta noe njoempoet: oerang tjaritakun Gadjah Palembang, noe diperangan tadi tèja. Gus kitoe Gadjah Palembang njaoer: Na, bet kamana dahoean Ratoe téh? Bet uwuh. Mana kitoe gè ngalungit? Gantjangna toeloej baé ditoetoerkun. Gantjangna datang baé ka sisi tjai, njoekjtroek dui baé ka girang, serta buki girang. Gantjangna datang ka tampian nagara Tjisaroeni. Gus kitoe handjat ka darat, moeroe ka nagara, serta datang ka aloen-aloen, serta oedjoeg-oedjoeg nangtang ka Moending Djalingan těja, serta bari ngambek di aloen-aloen, bari nanja rèkana bet njoempoetkun moesoeh batoer. Tjag toenda èta noe nangtang: oerang bitjarakun èta noe ditangtang, Moending Djalingan tėja, kur tjalik di pasèban. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer ka sadèrèkna istri: Tjing, njai, ajuna tjalik baé; rèk nějang noe nangtang, bet oerang tu boga dosa ditangtang. Gus kitoe istri téh ngawangsoel: Soemangga, kakang. Gantjangna dangdan: anggus baé dangdanna. Gus kitoe loentjat baé ka aloen-aloen Moending Djalingan, njampurkun ka noe nangtang, serta bari ngarontok, tėwak tjangkéngna Gadjah Palembang, sarta digebot koe Moending Djalingan. Ngaloengsar baẻ Gadjah Palembang serta paéh. Gus kitoe sampajkun dina tjaringin dampit. Gus kitoe Moending Djalingan balik ka pasèban. Gantjangna datang baé ka paseban, sarta bari njaoer ka sadèrèkna istri: Bunang, njai, iju noe nangtang téh. Gus kitoe istrina ngawangsoel: Soekoer, kakang.

§ 12. Gus kitoe tjag toenda éta: oerang pitjatoerkun iju dahocan Ratoe, noe njoempoet tėja. Gus kitoe indit, moro