Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102

ka aloen-aloen, sarta toeloej ka pasèban. Datang bae ka pasèban, sarta toeloej tjalik baè. Gus kitoe Moending Djalingan mariksa: Ari adi sèmah timana? Saha nja ngaran? Rėk naon bédja? Gus kitoe dahoean Ratoe ngawangsoel: Kaoela ti Padjadjaran: nja ngaran Patih Gadjah Wirija. Ai bèdja kaoela, děk nějangan doeloer. Dipaling noe gulis, djung kapalingan badjoe, didongdon tiditoe kadiju, serta kapanggih di aloen-aloen, njampaj dina tjaringin dampit. Èta noe mawa inja, tapi gus paéh. Tapi noe gulisna mah tu aja; ngan badjoena baè noe aja. Ari ajuna èta noe sakitoe tu nganjahokun di uwuhna; ngan hajang aja baé, sabab gus kapanggih boekti. Tjing, èta koemaha pimanahun? Gus kitoe Moending Djalingan ngawangsoel: Adi, ari kakang maling mah hantu; ngan kadatangan baé anoe nangtang. Mana diperangan, gantjangna paéh. Ari noe gulis, kakang njaho noe mawa inja: poegoeh ngaranna Patih Hoeroeng Barang, serta kur dibawa tapa dina Sangijang Solok Pandan. Ari nagarana Toendjang Malaka; ari lantjukna Gagak Ngampar; sadèrèkna istri Nji Soemoer Bandoeng. Sakitoe èta, adi, kakang njaho. Gus kitoe dahoean Ratoe ngawangsoel: Soekoer ari oeninga mah. Ari ajuna oerang tėjang. Gus kitoe Moending Djalingan ngawangsoel: Soemangga, nějang kaoela: lamoen didjiun Papatih mah, sanggoep merangan Gagak Ngampar. Gus kitoe dahoean Ratoe njaoer: Soemangga, kaoela rèk marèman.

§ 13. Gantjangna dangdan baé, serta anggus dangdanna. Gus kitoe indit baé ti pasèban, moeroe ka tebèh kidoel, serta ngaliwat ti aloen-aloen. Gantjangna datang ka sisi nagara, serta buki djaoeh. Gantjangna datang ka sisi pangtapaan, sarta kasampak noe gulis kur mépètan. Gantjangna disampurkun, serta bari ngarontok sadèrèkna, sonoun gus lawas tu papanggih, serta èta Moending Djalingan ngarontok ka noe dipèpètan tėja, serta digebot, serta ngaloengsar, tapi hantu paéh, ngan roeksak baé katjida. Gus kitoe Moending Djalingan mariksa éta: Manèh ajuna taloek, moal? Gus kitoe Patih Hoeroeng Barang ngawangsoel: Koering taloek baé. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer: Sèg, ari taloek mah,