Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103

oerang moelang ka nagara manèh. Aing rèk merangan lantjuk manèh, ngaran si Gagak Ngampar tèja. Gus kitoe Patih Hoeroeng Barang ngawangsoel: Ngiring djoeragan. Gantjangna indit kabèh, moro ka tebèh koelon. Gantjangna datang ka nagara Toendang Malaka. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer: Ajuna tjaritjing baè didiju: aing rèk ka aloen-aloen, dèk nangtang si Gagak Ngampar. Gus kitoe baladna ngawangsoel: Soemangga, djoeragan.

§ 14. Gantjangna Moending Djalingan indit bae, datang ka aloen-aloen, bari nangtang ka Gagak Ngampar tėja, awas ka noe ditangtang. Gus kitoe Gagak Ngampar njaoer ka sadèrèkna istri, noe ngaranna Nji Soemoer Bandoeng: Njai, kakang doakun; rèk nějang noe nangtang. Nji Soemoer Bandoeng ngawangsoel: Soemangga. Gantjangna dangdan bae Gagak Ngampar: anggus baé dangdanna. Toeloej baé indit, datang ka aloen-aloen. Gus kitoe ger baè perang, saadat noe perang baè. Gantjangna élèh Gagak Ngampar, tapi hantu paéh. Gus kitoe Moending Djalingan mariksa: Tjing, ajuna, silah, taloek atawa moal? Gus kitoe Gagak Ngampar ngawangsoel: Noen, koering rék ngawoela baé, serta rèk njanggakun nagara djung banda, sarta njanggakun sadèrèk istri hidji. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer: Soekoer, silah, ai kitoe mah. Tapi ajuna oerang ka pasèban. Gantjangna indit baè, datang ka paséban. Gus kitoe tjaralik baè di pasėban. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer ka Gagak Ngampar: Tjing, ajuna, silah, gura dangdan: oerang pindah. Gus kitoe Gagak Ngampar ngawangsoel: Soemangga. Gantjangna ngahijakun dangdan ka baladna sakabèh, ka noe awèwè, ka noe lalaki. Gus sadija dangdanna, saadat noe rèk pindah baè. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer, ngahajoekun indit. Gantjangna Gagak Ngampar ngawangsoel: Soemangga.

§ 15. Gantjangna indit kabèh. Gantjangna datang ka sisi nagara, sarta njampur dahoean Ratoe tèja. Gantjangna maradjoe kabèh, sarta buki djaoeh. Gantjangna datang ka nagara Tjisaroeni, sarta moeroe ka pasėban, sarta tjaralik di pasèban. Gus kitoe Moending Djalingan njaoer èta ka sadèrèkna