Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104

Nji Atji Saroeni Kembang: Tjing, njai, ajuna oerang dangdan: oerang moeroe ka nagara Ratoe. Gus kitoe istri ngawangsoel: Noen, soemangga. Gantjangna ngahajoekun dangdan ka baladna. Gantjangna sadija, saadat noe rèk pindah bae. Gus kitoe arindit kabèh, serta moeroe ka aloen-aloen. Gus kitoe datang ka sisi nagara, urun didinja sakudung. Gus kitoe Moending Djalingan moeroe kana tjaringin dampit, ngahiroepan Gadjah Palembang : gantjangna hiroep baè. Gus kitoe diadjak balik. Gantjangna indit, boeroeboel baé, maradjoe dui, sarta buki djaoeh, buki djaceh. Gantjangna datang ka nagara Ratoe, moeroe baé ka pasèban. Gantjangna datang baé ka paseban, serta liwat tidinja moeroe ka boemi Ratoe.

§ 16. Gantjangna soemping ka boemi Ratoe: gus kitoe tjaralik baė. Gus kitoe Patih Gadjah Wirija njaoer, oendjoekan ka Ratoe: Iju, kakang, njanggakun guruha, serta njanggakun piguruhaun, serta njanggakun Poenggawa. Djungna dui iju aja, noe sanggoep djadi Papatih, djenengannana Raden Moending Djalingan. Gus kitoe Ratoe ngawangsoel: Èta narima inja anoe sakitoe. Asal éta Moending Djalingan palaj djadi Papatih, soekoer pisan. Soemangga, gura djenengkun: gura maroelih ka pasèban. Gantjangna éta Papatih ngawangsoel: Soemoehoen dawoehan Ratoe. Gantjangna arindit baé kabèh. Ari gus kitoe datang baé ka paseban, sarta tjalik Patihna dina randjang katil. Gus kitoe ngadjadjar baladna. Gadjah Wirija, djung Gagak Ngampar, djung Gadjah Palembang, djung Patih Hoeroeng Barang, ngadjadjar djung lèngsèrna. Gus kitoe lèngsèrna ngagitakun pahadjatan, sarta ngahajoekun tataloe, ngormat Ratoe djembarna, ngormat Papatih anjar. Gantjangna èjar noe soerak, 'soekan-soekan ngagoeroeh noe tataloe tatabuhannana: topèng dalapan poeloeh, ronggeng dalapan poeloeh, sagalana dalapan poeloeh baé. Tataloena di nagara Palembang Girang munang toedjoeh poè, toedjoeh puting, tu aja rèpèhna, sarta pada soekan-soekan baé kabeh.

Tamat.


{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}}