Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
106

sampéan ka èta tangkorèk; masingia bisa ngomong, gus dibisakun ngomong. Ari gus kitoe toeloej Nabi Isa Rohoe'llah mariksa ka èta tangkorėk, dipiwarang koe Allah Ta'ala ngomong éta tangkorèk téh: Toeloej lètahna amatja: Asjhadoe an lá ilaha illallahoe wainnaka 'Isa Rohoe'llah. Ari gus kitoe toeloej dipariksa èta tangkorék téh koe Nabi Isa, kiju mariksana: Hè tangkorèk, sampéan téh djalma lalaki atawa awèwè, atawa djalma bunang muli, atawa djalma korèt atawa djalma moerah? Ari gus kitoe toeloej ngomong èta tangkorèk tèh; ari tjèk tangkorèk tèh: Eh Nabi Isa Rohoe'lab, kaoela tèh djalma lalaki, lain djalma awèwè; djung dui kaoela tèh djalma mardika, lain djalma bunang muli; djung dui kaoela tèh luwih saking nja bunghar, lain djalma miskin; djung dui kaoela téh djalma djeneng, lain djalma lutik-lutik; djung dui kaoela tèh djalma djadi radja gedė pisan di nagara Mesir, djung dui ari ngaran kaoela tèh Soeltan Djoemdjoeman, djung dui kaoela anoe luwih sohor tèja jèn kaoela djadi radja panggedèna; djung dui kaoela anoe luwih bunghar; djung dui pada radja-radja kabéh, uwuh anoe ngabandingan tjara kaoela radja-radja anoe sèdjèn. Djung kaoela tèh ari lumpang ngaronda ka nagara sėdjèn, tu aja dui kasoekaan tèh ngan moro oentjal baė. Ari djalmana, anoe dibawa moro, kira-kira genep-welas laksa, djalma teteboesan baè, lain dui djung badèga mah. Djung dui ari papakéannana, singserwa soelam baé koe benang emas djung koe pèrak. Ari andjingna, toedjoeh rèboe andjing, anoe koe kaoela dipaké moro, kabèh andjing tèh pada dirantė koe emas djung koe pèrak sakabèhna. Djung manoek radjawali opat rèboe sajang poewarija, sakabèhna pada dirantè koe emas djung koe pèrak. Djung opat rèboe, anoe makė pajoeng konèng sarta ditarapang koe emas djung koe moetijara, Djung opat rèboe, anoe makė pajoeng burum, siga ngageboer-geboer, sabab ditarapang koe ratna manikem. Djung dui aja sarèboe onta, anoe bunang ngararangkénan sarta dikongkorangan koe emas, sarta sèlana ditarapang koe emas djung koe pèrak. Djung dui djalma anoe dititah ngèdjo