Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
107

sapoèna saputingna, toedjoeh ratoes awewe, anoe dipaké poerah mèrèan ka pakir miskin. Djung dui toedjoeh ratoes awèwè, anoe aja didjero imah, saperti parekan baè, anoe aja didjero imah kaoela, èh Nabi Isa Rohoe'llah. Uwuh dui anoe tjara kaoela; radja-radja anoe sèdjèn hantu aja anoe saroewa djung kaoela ukur mangsa harita, tina sabab kagedèan djung kabungharan kaoela. Djung kaoela nijat njiun nagara: ngan arta kaoela baé anoe dipakè moeroehan. Uwuh dui, radja-radja anoe sèdjèn tu bisaun ngalawan ka kaoela. Sakabéhna radja-radja pada kaloewar oepeti ka kaoela. Radja-radja anoe sėdjèn, opat poeloeh onta anoe dipakė ngabakti ka kaoela.

§ 2. Ari gus kitoe njaoer Nabi Isa Rohoe'llah ka ėta tangkorėk těh: Èh Soeltan Djoemdjoeman, sabaraha lilana sampéan didjero alam-doenja djadi radja téh? Ari gus kitoe matoer Soeltan Djoemdjoeman: Ja Nabi Isa Rohoe'llah, ari kaoela tèh lilana didjero alam-doenja tèh munang opat ratoes taoen nja djadi radja tèh kaoela didjero alam-doenja téh. Ngan kaoela ukur mangsa didjero alam-doenja, ngan hantu njaho kana ibadah ka Allah Ta'ala, anoe matak datang ka sakiju ogė. Ari anoe matak hantu njaho, karana hantu pisan njaho ka Allah, ka Rasoeloe'llah, jèn éta Djoeragan kaoela, anoe ngadjadikun sakabèhna alam, djadi poho kaoela ka Allah Ta'ala, sabab hantu aja anoe mèrè njaho ka kaoela. Sakitoe nja kagedèan kaoela, hantu pisan inget kana dibungharkun koe Allah Ta'ala, hantu aja pisan roemasa tèh, hiroep koe manèh, gedě koe manèh, bunghar koe manèh baé mangsa harita téh.

§ 3. Ari gus kitoe toeloej dipariksa dui koe Nabi Isa Rohoe'llah: Eh Soeltan Djoemdjoeman, koemaha petana sampéan ukur rèk mimiti paéh djung ukur mimiti sakarati'lmaot, djung kasakit, djung gus didjero koeboer? Gus kitoe toeloej matoer Soeltan Djoemdjoeman: Ja Nabijoe'llah, Nabi Isa Rohoe'llah, hantu bunang dikira-kira. Taja tandingan rasana ukur mangsa sakarati'lmaot; èta hantu kira-kira njerina, saperti kambing hiroep disisit koelitna, opat poeloeh kali rasana awak kaoela ukur tetkala