Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108

ngarasakun kasakit mangsa harita sakarat. Bawaning gus tu bunang ditahan kénéh baé koe kaoela téh, toeloej kaoela lumpang ka kebon. Didinja ogè liwat saking banget ngarasakun kasakit, gus hantu bunang ditahan kènèh baé koe kaoela. Didinja tèh gus luwih banget ngarasakun kasakit, uwuh dui baè, awak kaoela adjoer oetjoetan rasana. Tina luwih njerina kaoela toeloej nanjakun ka anoe dipertjaja koe kaoela, anoe toenggoe gedong, djung ka sagala badèga-hadėga kaoela, nanjakun kasakit kaoela. Ari enggus munang opat poè, datang manoek, tabib ngaranna, mèrè tamba, anoe matak tjagur kana kasakit kaoela. Arina diterapkun èta tamba, uwuh sahidji-hidji atjan anoe matak tjagur, ngangunahkun kana awak kaoela, kana kasakit kaoela; anggoer buki banget baé kasakit kaoela, sanggus diterapan tamba tèh. Ari gus tepi ka lima poè, rarasaan téh awak kaoela adjoer oetjoetan rasana. Ari gus nepi kana toedjoeh poé, kaoela ngadéngé sowara luwih gantjang datangna. Ari pokna sowara tèh: Èh malaikat Malak almaot, guwat tjokot njawana, gura bedol tina awakna djalma anoe doraka tjilaka tèh: guwat kaloewarkun njawana. Ari gus kitoe toeloej datang malaikat Malak almaot sarta mawa gegendir busi, hoeroeng koe sumu naraka; ari pandjangna kira-kira sapoeloeh gadjah. Ari gus kitoe toeloej ditunggulkun kana harigoe kaoela, sarta toeloej disoendoet koe sunu hoeroeng kana harigoe kaoela. Toeloej lungit akal kaoela, boedi kaoela, hantu inget-inget atjan. Ari gus kitoe, èh Nabi Isa Rohoe'llah, kaoela ngadéngé sowara, luwih banget datangna. Ari pokna: Èh Malak almaot, kaloewarkun guwat-guwat njawana èta djalma doraka tjilaka tèh. Ari kaoela ngarèndjag ngadengė sowara, luwih gantjang datangna. Ari gus kitoe nèndjo ka anak-anak kaoela; sakoer anoe njaahun ka kaoela, kaja pawarang-pawarang, kaja parekan, pada ngoemirilangan, pada tjarurik, sarta pada nepak-nepak dadana, pada ngerik pikirna sabab pada karoenjaun ka kaoela. Maka anoe sidkah ngan sakitoe noe djadi. Toeloej noeloengan sagala pakir miskin, djung sakitoe rèjana, uwuh saoerang ogé, taja anoe mèrė