Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109

kangunahan ka kaoela. Ngan sidkah kaoela ka sagala pakir miskin djung amal kaoela, èta anoe aja karasana manpa'at kana awak kaoela: ngan sakitoe, èh Nabi Isa Rohoe'llah.

§ 4. Ari gus kitoe toeloej datang Malak almaot, sarta njowara bari něndjo ka kaoela, ka kadèngè koe kaoela sowarana Malak almaot. Toeloej hoedang ka kaoela. Ari ditèndjo koe kaoela djangdjangna Malak almaot, èta satengah djiga emas, satengah djiga pèrak. Maka něndjo kana rarahina kaoela. Ari malaikat Malah almaot èta genep perkara rarahina. Ari koe kaoela ditanjakun ka Malak almaot: Koemaha nimitina sampéan anoe matak genep rarahina, genep roepana? Nahaon gawéna éta téh? Ari tjèk Malak almaot: Eh djalma tjilaka doraka, naha njaho manèh ka oerang? Koemaha manèh hantu noeroet kana paréntah Allah Ta'ala djung ka Rasoeloe'llah sareng ka aing? Maneh hantu banget pisan njaho, rėk ditjilakakun, rèk dipaėhan manèh tèh? Ari rarahina aing anoe tiloehoer, pilagi njokot njawa sagala nabi-nabi; ari anoe tiharup, palagi njokot njawana sagala malaikat; ari anoe ti gigir, palagi njokot njawana sato-hewan kabèh ti wétan nepi ka koelon. Djung dui bungut anoe titoekang, palagi njokot njawana sagala anoe kapir djung sagala anoe tinggal salat limang waktoe. Djung èta rarahi tèh pinoeh koe sunu hoeroeng, nja èta anoe koe kaoela katéndjo tèh, èh Nabi Isa Rohoe'llah.

§ 5. Ari gus kitoe toeloej njaoer dui Nabi Isa Rohoe'llah: Èh Soeltan Djoemdjoeman, koemaha tetkala datang malaikat tèh, polahna? Ari hatoeran Soeltan Djoemdjoeman: Aja datang sapoeloeh malaikat, rurudjungan djung Malak almaot. Ari gus kitoe toeloej njekel kana buhung kaoela; ari kaoela gus hantu bisa oesik-oesik atjan, hantu bisa ngomong-ngomong atjan kaoela. Lamoen hantu njekel mah kana buhung, kaoela murun bisa loempat baè, sabab tuing koe sijun kabina-bina kaoela tèh něndjo malaikat. Djung dui datang ka tiloe poeloeh malaikat, anoe njekelan soekoe kaoela, datang ka hantu inget atjan, sabab dikoetjoeran koe tambaga burum bunang nahur kana soengeet kaoela. Maka adjoer oetjoetan rasana usi butung kaoela. Ari ngomong ka malaikat anoe rèja tèh;