Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
110

tjèk kaoela tèh: Ség lupaskun tina siksaan: ajuna kaoela rèk mikunan sagala banda kaoela di doenja, arta kaoela djung rahajat. kaoela, sarta udjung usina didjero imih kaoela. Ari gus kitoe kadèngè omongan kaoela, malaikat toeloej nepak kana harigoe kaoela djung kana bungut kaoela, sarta bari moera-moerakun sunu kana bungut kaoela, sarta ngomongannana: Èh djalma tjilaka doraka, nahaon pigawéunnana ka aing arta doenja? Djung dui hantu ngala oepahan ka djalma tjilaka doraka téh. Koemaha anoe matak hantu noeroet ka parèntah Allah Ta'ala djung ka parèntah Rasoeloe'llah? Kitoe karasana ajuna. Kitoe pokna malaikat tèh, èh Nabi Isa Rahoe'llah.

§ 6. Maka dipariksa dui koe Nabi Isa Rohoe'llah: Èh Soeltan Djoemdjoeman, koemaha sampéan, tetkala ukur digotong koe djalma loba? Koemaha rasana? Ana hatoeran Soeltan Djoemdjoeman: Hantu njaho ukur digotong mah, ngan ukur diragragkun kana djero koeboer. Arina ditěndjo koe kaoela didjero koeboer tèh usina hoeroeng pirang-pirang, djung oraj, djung hilud, djung kaladjengking: èta anoe sakitoe tèh kabèh kadjadjadian sunu baé sartana pada ngarègėlan ka kaoela. Ari rasana awak kaoela, adjoer oetjoetan awak kaoela tèh. Ari gus kitoe karasana koe kaoela sakitoe kanjenjeriannana, dina rasana luwih banget rasana. Maka nja éta aja dui sowara, luwih gantjang datangna; ari pokna: Eh boemi, gura dempèt èta djalma tjilaka doraka téh. Ari gus kitoe toeloej obah èta boemi tèh, koemaha tjara lini obahna, ngagoeroehan, sarta bari ngadempèt kaoela, adjoer oetjoetan rasa awak kaoela tèh rasana.

§ 7. Ari gus kitoe toeloej datang dui malaikat, arina ngomongan: Èh djalma tjilaka doraka tėja, toeliskun nahaon bubunangan sija didjero alam doenja tèh, nahaon pagawéan sija, noe hade djung anoe gorèng. Pagawéan sija toeliskun koe sija kabèh, itoeng koe sija: oelah aja anoe kararoeng. Anoe matak sakitoe, soepaja sija oelah poho, mangkė bakal dipariksa koe Djoeragan saalam kabèh. Ari gus kitoe toeloej nanjakun kaoela ka malaikat: Nahaon anoe koe kaoela dipakė