Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116

ngoetjapkun: Asjhadoe an lá ilaha illallahoe wainnaka ’Isa Rohoe’llah. Ari gus kitoe toeloej bisa ngoetjapaken: Asjhadoe an lá ilaha illallahoe.

§ 15. Toeloej tangkorèk téh hoedang, sarta langkep awakna, lungunna, soekoena, sarta luwih kasèp roepana, sarta luwih ngora. Ari gus djoemeneng sipat manoesa, langkep samoeljana dui, tjara bahula bihari dui, Soeltan Djoemdjoeman. Tjoeloej ngalakonan ibadah ka Allah Ta'ala djung ka Rasoeloe'llah, djung dui hantu daékun dui djadi radja dui. Ari tjitjingna dina enggon soetji, sarta ngaiklaskun diri, sarta hantu hajang kana arta doenja dui, tjara bahula bihari dui. Tètèla pisan beresih atina, djung bener pisan atina djung kalakoeannana, sarta dipikir didjero atina, gus hantu hajang baè kana arta doenja téh. Gus tetep ilmoena djung ibadahna ka Allah Ta'ala djung ka Rasoeloe'llah, Calla'llahoe'alajhi wasallam. Oenggal-oenggal poè puting hantu pegat-pegat moedji ka Allah Ta'ala djung ka Rasoeloe'llah, djung tobat sakéhé dosana, djung matja: Soebhana Allah al'atlím, djung matja: Lá ilaha illá'llahoe, Mochammadan Rasoeloe'llahi. Hantu pegat-pegat tobatna, sarta gus nalak kana doenja atina, lampahna gus něndjo ka aherat baè, djung ngarep-ngarep rahmatoe'llah baé, burang puting hantu pegat neda rahmat Allah. Ari lilana éta tangkorèk tèh hiroepna dui, sanggus dihiroepkun dui, munang doewa-welas taoen lilana hiroepna dui didjero alam-doenja, sarta ibadah ka Allah Ta'ala djung ka Rasoeloe'llah. Ana gus kitoe maħ djadi olija Allah Ta'ala.

Tamat.
Wallahoe a'lam.