Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

X.
MANIK MAJA.
(fragment)




§ 1. Kakotjapkun kur masih awang-oewoeng, tatjan aja boemi rudjung langit, ngan Sang Hjang Wisèsa noe kotjap tihula, meneng satengahing djagat, hentu kersa mosik, didjro manah paguh negeskun karsa moerwa ing awak-awakna. Patimoe tinemoening manah, tu aja noe lijan, ngan sahidji. Hentu koengsi lila ngadangoekun sowara kentjeng, tu katingal: sorana kawas genta. Saharita kagèt sarta ningali endog, ngagantoeng di awang-awang. Guwat ditjandak koe panangan sarta ladjeng dikupul, djadi tiloe prakara. Saprakara djadi boemi langit; saprakara dui tėdja djung tjahaja; Manik Maja katiloena. Noe doewa pada soedjoed kapajoenun Sang Maha Wisėsa. Sang Hjang Wisėsa njacer ka Sang Hjang Goeroe: Eh Manik, lamoen tu njaho, manèh èta teges kanjataan oerang. Aing pratjaja sakabèh-kabèh; saisining djagat pramoedita manèh diwenangkun koe oerang ngadjadikun. Batara Maja matoer: Adoeh, Goesti Sang Mahamoeni, koe naon sababna toewan anoe matak ngadjadikun kaoela bėda sareng poen Manik? Ari roepa poen Manik mah kasèp toertjahjana oepama boelan. Ari roepa kaoela langkoeng-langkoeng tina goréngna, sarta tjahja kaoela kawas nila. Tidinja