Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

Sang Hjang Wisèsa njaoer dui: Uh Batara Maja, hentu bunang: gus karsaning noe Maha Loewih. Montong dipakė nalangsa: iju aing mèrè, ngaranna Retna Doemilah, moestikaning sosotja kabèh, tu aja doewa ngan iju, sarta sagala noe disedja koe manèh, djadi. Tundun koe manèh dina koekoentjoeng. Ari tjahja manèh hidung langgeng, sapapandjangna tu bunang diowah; dioepamakun srangèngė rudjung boelan: ari boelan mah tina tanggal sidji aja hadè, djadi gorèng tjahja, ari srangèngè mah langgeng, tu kuna koe owah. Batara Maja soedjoed ka sampéan Sang Hjang Wisèsa. Njaoer dui Sang Hjang Wisèsa: Ari hidung téh njataning puting. Ari puting èta djadi pangurunan; anoe aja djadi uwuh; noe enja dilainkun, noe lain dienjakun. Batara Maja, sanggus munang piwoeroek, liwat langkoeng soeka-boengah manah, lungit sagala ajarah: sijun bisi kasemaran. Saoer Sang Wisèsa: Manèh ajuna dingarankun Batara Semar, nganjahokun sakabèh djagat. Tidinja Batara Maja, sanggus diwoeroek, tjong njembah, ladjeng asoep ka boemi toedjoeh. Toenda Sang Hjang Wisèsa: Batara Goeroe noe kotjap. Enggus munang timbalan, piwoeroek sakabéh prakara, lampahing Moerba Wisėsa, Sang Hjang Wisèsa ilang: kantoen Sang Hjang Goeroe pribadi.

§ 2. Langkoeng soesah boemi rudjung langit tina djaoeh antarana, handap rudjung loehoer: loehoerna tu kaakal. Boemi langkoeng soesah, langit pon kitoe kènèh, něndjo kahandap. Boemi ngambang di tjai, katebak angin barat ti koelon ka wétan; moen barat ti wètan ka koelon; ti kidoel ka kalėr, ti kalèr ka kidoel. Ari ditebak koe angin ti koelon, ka wètan, ti wètan, ka koelon; ditebak ti kidoel, ka kalèr, ti kalėr, ka kidoel. Tanuh boewih ditengah tjai: buki bedas pangtjurikna si boemi. Tidinja bidjil doewa angin tidjro boemi: ti langit pon kitoe kènèh bidjil doewa angin, ngaran Sindoeng Haliwawar. Ngaranna angin noe tidjro boemi, Sindoeng Bajoebadra. Gedèna sasigar djagat: ari lampahna ngobahkun tanuh; anoe tiloehoer ngobahkun langit. Tjampoeh djadi sahidji, asoep kadjro tjai, ngobah èta tjai. Hentu munang djalan, soepama dikeboer: hentu pegat boelak-balik.