Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122

salirana kapandjingan koe sungit éta tjai, soemrambah ka salira. Batara Goeroe ngomong sorangan: Pantesna iju tjai dimarta Jang Kamandaloe ngaranna. Sang Jang Wisèsa loengsoer, mèrẻ sora ka Jang Pramèsti: Enja èta tjai marta Kamandaloe. Èta ti éjang tu aja. Saenjana enja èta tjai hoerip, ngahiroepan anoe hiroep, ngahoeripan sakèh anoe hiroep. Tjai èta pangoeripan. Aja kai anoe hidung; èta ngaran Sandilata, pranti ngahiroepan noe paéh, saniskara baé pasti djadi ngahiroepan. Dèwa, dèwi, satrija, ratoe, boepati, djung sakabèh manoesa, rudjung boeta, oraj sarta manoek, edjin, sétan, sausining djagat, tina kai kahiroepannana. Mapan bahula ajana djawata kai asalna. Munang lara déwata kabéh, wekasannana kuna koe paéh, tina tu njaho rasana hiroep: pilih-pilih djalma noe nginoem. Lamoen enggus sami nginoem tjai, dėwa èta hentu kuna koe paéh, sarta tu aja larana.

§ 9. Sang Hjang Goeroe, sanggus munang saoer, guwat nginoem èta tjai, sarta ngawadahan koe tjoepoe, ngaran Manik Astagina. Raosna tjai luwih ngunah: Sang Hjang Goeroe langkoeng soekana koe raosna éta tjai. Gus angkat, nepi ka prenahna dewa-dewa noe paraèh. Sang Hjang Goeroe ladjeng ngaboeka tjoepoe, noe diusi tjai tėja; dėwa kabèh enggus ditètèsan biwirna. Dèwa, dèwi, Batara rudjung Batari, sami pada waloeja hiroep; gus sampoerna panghiroepna kabèh kawas bahula. Ladjeng pada ngabangkat damel. Goenoeng ditarik, guwat Djamoerdipa enggus ditarik, katarik para djawata. Djawata noe ngadjoengdjoeng, kadjoengdjoeng tina prenahna. Tanuh tinggal, gedèna ngan sakalapa, djadi goenoeng Tampora, djadi goenoeng negari Tjaringin. Ragrag dui samoentjang gedéna, djadi goenoeng Banten. Ragrag dui saendog gedèna, djadi goenoeng gedé toer loehoer, soekoena Padjadjaran, goenoeng Wala Hoeloe. Ladjoe lampahna mangètan, aja ragrag gedèna ngan samoentjang, djadi goenoeng Tjirebah. Rėja goenoeng awarna-warna njata. Ladjeng lampahing djawata, rèja-rèja ragrag tanuhna, djadi goedoeng gedè, ngaranna Tampatjiri, goenoengna djalma Tegal. Noe sahidji dingarankun goenoeng Pragota. Goenoeng Kendeng