Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
123

noe ngètjèr ragragna sadjalan-djalan, ngendeng ka wètan. Ragrag dui tanuhna doewa kupul, djadi goenoeng Soembing djung Sendara.

§ 10. Di Kedoe tempatna urun. Noe matak tanuh Kedoe rèja tjai nepi ka ajuna, karingetna djawata, gus ngrasa tjapè sarta lesoe. Angangkat, hentu kaangkat, tina ngoengkoelan bosali, noe matak hentu kongang: bosalina Empoe Rama. Mandajna diloehoer pangawang; kupul minangka paloena sarta tahanan toeoer; hamu bidjil toengtoenging tingal; pangamboeng djadi aboeban; noe minangka sipoeh tjidoeh, bidjil tina biwir; noe dipupuh busi baka maheribi, djadi gagaman sawarga. Warna-warna gagaman sawarga: sakabéh gagaman sawarga, Empoe Rama anoe ngadamel, rėja moen ditjaritakun kabèh. Dèwa prasami ningali ka Bagawan Empoe Ramadi, tina hentu ngangkat, njèrèd, mawa goenoeng, tjitjing ngunah-ngunah baé katoengkoel, njamboet gawé pribadi. Munang ordi ti saha? kitoe ngomong dèwa kabèh. Mapan ajuna keridan Ratoe, dilarang noe njokot gawe sorangan. Na hentu ngadéngè bèdja, djalma pada manggoel goenoeng, goenoeng gedé kaliwat saking, tu pantes, tu kira-kira? Ngunah amamaloe, kawas djalma tu kaparèntah: atina si Empoe manas-barani, djeg lalaki sorangan.

§ 11. Batara Tjandra oematoer ka Batara Bajoe: Soemangga ingabanan denda, terapkun saleresna. Njaoer Batara Bajoe: Karėjan temen bitjara si adi; masing nepi ka didjarah radja-kajana, mo djadi koemaha. Bahoela baè, oerang banda: lamoen rosa, sedeng toemeka ing pati. Saha anoe miloe? Sang Jang Tjandra guwat-guwat angkat, datang kahurupun Sang Jang Empoe Rama; wani modar kentjeng omongna, ting koemedoet nja biwir. Ngadeg diharupun bari oendjoek, ngomong bari njentak sarta rudjung sengit: Tjuli rebing tu ngadéngé? Mata sija moetjitjil na hentu njaho, jèn ajuna rèja gawé? Djalma njabak gawè tu bunang. Sija èta bet apiora, ngunah-ngunah mandaj baé. Batara Tjakra soemping, Sang Jang Tjitragotra ngadago. Empoe Rama gabroeg digeloetan koe Batara Tjakra, Taradjang noemboek dada