Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
124

Batara Tamboeroe. Empoe Rama ngrasa jèn ditemenan, ngorėdjat bari bramatja. Paradjoerit Sang Jang Empoe Rama. Empoe Rama dipedang bahoena noe kèntja, sarta bidjil karingatna; tina awak ting bararoeboet, kawas wèdang ngagolak, haloena kawas minjak, maroetjoet djèg beloet, luur awakna. Djawata sami karalah: rèja noe ngedjat, noe sawarèh ragrag koe ditampiling, ngagolér nangkarak bangkang. Pra djawata laloempat mani béak, tina tu tahan moesoeh Sang Jang Empoe Rama.

§ 12. Batara Sakri liwat langkoeng ngambek, Empoe Rama dipapag. Guwat ramé silih-toemboek, silih-tampiling, djedek-djinedjek, silih-kenjang, silih-soentroengkun, silih-tjiwit; toeng-toengna ngowèt barina lélèwa. Taja noe pada élèh; saroewa koewatna, saroewa bedasna, saroewa paguhna; ngan handjakal sok ngowèt. Ahirna Batara Sakri ladjeng ditjandak tjangkèngna, gus diloehoer baé, sarta dioebengkun kaloehoer, direboet koe para Resi. Sang Jang Sakri gus taja kakoewatannana: bongan sok ngowèt. Ditjarokot koe dèwa kabèh. Salirana djeg kapoek. Sakabèh pra djawata wingwrin. Sang Jang Bajoe bramatja, madjoe kapajoen sarta rudjung naradjang. Ramè silih-tundutkun Batara Bajoe djung Empoe Rama. Ramè soeroeng-sinoeroeng, ramė silih-sèpak, silih-tjabok, silih-toemboek, nèdjèh-nědjèh, saroewa prakosana. Bagawan Empoe Rama guwat Bajoe ditjandak iket pinggangna: Sang Jang Bajoe guwat njandak iket pinggang Empoe Rama. Ramè pisan banting-binanting; gus banting-binanting, djoengdjoeng-djinoengdjoeng. Ramè silih-aloengkun: Empoe Rama dialoengkun, djaoeh tèh ragragna, sarta ngadeg. Saoerna: Uh, tu njeri: ah, guwat balik dui, sarta kentjeng naradjang. Ladjeng biti-biniti, silih-toemboek, ngadjembél Batara Bajoe. Saroewa prakosana, taja noe kasoran doewannana. Lila-lila Batara Bajoe kaoengkoelan tanagana: lungunna doewannana ditjekel, ladjeng ditundutkun. Lungunna rantjoeng kaloehoer, soekoena amles kana tanuh semet toeoerna, awakna tu oesik. Direboet koe noe rẻja, buki ngambek Empoe Rama: karsa ngabantingkun, manahna tjoewa.