Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

I.

ANECDOTEN EN FABELEN.


1.

Aja hidji djalma kèrè, baramaèn ka mènak, anoe kur tjaralik. Ari omongannana matak karoenja, sarta bari tjurik, sarta ditetelakun kamalaratannana, djung boga kasakit dina awakna. Kadangoe koe noe tjaralik, sarta mènakna langkoeng-langkoeng karoenja, sareng ladjeng maparin doewit. Tu lila noe baramaèn tèh toeloej balik, tapi koe noe tjalik dipiwarang ditoetoerkun, sarta tèndjo kasakitna bohong atawa hentu, kitoe dui kamalaratannana.

Gantjangna pèk ditanjakun koe pandakawan, sarta ditaksir, dina saloewar awakna hadè. Ari pokna pandakawan: Awak manèh hadè kabèh, tu aja kasakitna, djadi omong manèh boga kasakit tèh, bohong baè. Ki kèrè ngawangsoelan: Bener saoer sampèan kaoela bohong, sabab tu katingali kasakit kaoela koe sampèan. Karana kaoela tèh njaksrak dina saloewar awak, asoep kana toelang sareng kana soengsoewam, noe matak kaoela tu bisa digawè. Ari tjèk noe ngangaranan mah, kasakit moemoelan digawè.

1