Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2

Barang kadèngè koe pandakawan omongna kèrè anoe kitoe, ambekan sarta toeloej balik.


2.

Aja hidji djalma, oerang goenoeng, gus langlajusun, tu barang-hakan; njiun akal soepaja munang barang-hakan. Dina hidji waktoe njampurkun ka hidji kamasan, noe kur njiun ali. Djol datang oerang goenoeng tèh sarta tegep nèndjokunnana ka noe kur digawè. Ditanja koe kamasan, ari pokna: Rèk naon kadiju? Naha aja bèdja, atawa rèk muli ali, atawa pendok. Oerang goenoeng ngawangsoelan: Kaoela lain rèk barang-buli; ngan hajang njaho baè, rèk nanjakun, ari pèrak sagedè hoeloe koeda sakoemaha hargana.

Kamasan nijatna rèk malsoe. Ari pokna kamasan: Oepama pèrak sagedè hoeloe koeda mah, moerah hargana. Oerang goenoeng api-api hèran: "Koetan mahal ari harga pèrak". Pikirna kamasan ajuna bakal boga kaoentoengan gedè, sabab ngadèngèkun oerang goenoeng tèja omongna noe tadi.

Tu lila toeloej dibawa koe kamasan ka imahna, diadjak dahar rudjung djung kamasan tèja.

Barang gus dahar, kamasan nanja dui: Dimana ajana, noe ditjaritakun tadi koe sampèan tèh? Kaoela daèk muli. Oerang goenoeng ngawangsoelan: Saenjana mah kaoela tatjan boga; ngan hajang njaho baè. Dimana manggih pèrak sagedè kitoe gedèna, kaoela gus njaho hargana. Bisi koela diakalan koe noe boga pèrak sagedè hoeloe koeda; karana ajuna loba pisan djalma, noe sok ngabobodo.


3.

Aja hidji batoer toekang djagal, dititah muli moending koe djoeragannana, dibahanan doewit pirang-pirang. Toeloej, tapi djalanna ka luwung. Datang ka luwung dibègal koe saoerang baè. Koe bègal dipènta doewitna, sarta noe boga doewit tu ngalawan, api-api bingoeng. Ari pokna ka bègal: