Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15

13.

Serat moegija kondjoeka saking padjenengan salira kangdjeng Toewan ......... salebeting nagara...........

Noen, wijosing serat sim abdi, kaoela-noen, ngahatoerkun sembah pangabakti serta moegi-moegi kangdjeng Toewan oelah djadi bendoe manah, noen, ka djisim abdi tèh, noen, saprakawis. Noen, doewa prakawis, djisim abdi tèh gadoeh oendjoekan, noen, ka salira kangdjeng Toewan, serta moegi oelah djadi lutik manah, sababna djisim abdi tèh tu aja gusan neda pitoeloeng, ngan ka salira kangdjeng Toewan, noen.

Demi ajuna djisim abdi tèh, noen, manawa terang manah serta aja pasihan kangdjeng Toewan ka djisim abdi, jèn njoehoenkun doewit, noen, prakawis harga èta kitab tėja, sabab djisim abdi tèh jèn ngawinkun poen anak, kakoerangan kur balandja, noen.

Sembah djisim abdi,

poen.......